Heu...heu...heu..... hatur nuhun kintunanana...ieu teh heureuy tapi make logika, jadi sabenerna nu ngarang ieu ceuleukeuteuk teh hebring.
JP Makarya Mawa Raharja ----- Original Message ---- From: Djodi Ismanto <[EMAIL PROTECTED]> To: kisunda <[EMAIL PROTECTED]>; urang sunda <[email protected]>; tasik tasik <[EMAIL PROTECTED]>; Kuningan Asri <[EMAIL PROTECTED]>; asep t <[EMAIL PROTECTED]>; Arif Amiarsa <[EMAIL PROTECTED]>; irwan rahayu <[EMAIL PROTECTED]>; engkos <[EMAIL PROTECTED]>; Agus Pakusarakan <[EMAIL PROTECTED]>; yedi suhaedi <[EMAIL PROTECTED]>; asepivo asep <[EMAIL PROTECTED]>; ratih irawati <[EMAIL PROTECTED]>; maria sri <[EMAIL PROTECTED]>; dedi mulya <[EMAIL PROTECTED]>; irwan hadi <[EMAIL PROTECTED]>; Endi <[EMAIL PROTECTED]>; adjeng t <[EMAIL PROTECTED]>; dede saripin <[EMAIL PROTECTED]>; Jajang Supriatna <[EMAIL PROTECTED]>; Irwan Rahayu <[EMAIL PROTECTED]>; Risna Rah <[EMAIL PROTECTED]>; Nina Banksumut <[EMAIL PROTECTED]>; kutiadi <[EMAIL PROTECTED]>; Dik dik Roekendi <[EMAIL PROTECTED]>; asep dasuki <[EMAIL PROTECTED]>; asep dasuki <[EMAIL PROTECTED]>; Sahman Dede <[EMAIL PROTECTED]>; johani <[EMAIL PROTECTED]>; el-mujahid abdurrahim <[EMAIL PROTECTED]>; eris riso <[EMAIL PROTECTED]>; arief ganefianto <[EMAIL PROTECTED]>; dani kustoni <[EMAIL PROTECTED]>; dani kustoni <[EMAIL PROTECTED]>; M Nuh <[EMAIL PROTECTED]>; Eddy Miraddy <[EMAIL PROTECTED]>; Djodi Ismanto <[EMAIL PROTECTED]> Sent: Monday, July 21, 2008 11:24:14 PM Subject: [Urang Sunda] CEULEUKEUTEUK Selasa, 2008 Juli 22 TUKANG OBAT (3) "Jang, aya obat lieur ?" "Kantenan aya bapa, tah ieu landong lieur mah""Ngajaran sabotol" Isukna katingali si tukang obat keur dicarékan laklak dasar. "Gening kalahka beuki lieur saenggeus nginum obat ti manéh !?" "Da éta mah minuman keras cap topi miring bapa" "Hah siah ngabobodo ka aing ?!" "Apan bapa hoyong lieur ......." TUKANG OBAT (4) "Bapak-bapak, Ibu-Ibu sekalian. Saya bawakan shampoo yang lain daripada yang lain ! Shampoo ini baik untuk rambut yang hitam dan berkilau !" "Éh...bang... sayah meuli hiji !" "Kumaha ari sia ! Buuk aing tetep waé huisan ! Ngabobodo ka urang kampung siah !" "Jangan dulu marah Ibu ! Saya tidak bohong ! Shampoo ini memang baik untuk rambut yang hitam dan berkilau ! Bukan baik untuk rambut yang beruban seperti rambut Ibu itu !" TUKANG OBAT (5) "Bang kuring meuli obat flu sasachet" "Ini Pak. Mudah-mudahan cepat sembuh" Saminggu tiharita. "Mana... cenah obat flu alus, tapi geus saminggu teu cageur-cageur !" "Oh..bapak.. .. coba baca dikemasannya. ..bila sakit berlanjut, hubungi dokter, jadi bukan hubungi saya.., bapa salah alamat....." TUKANG OBAT (6) "Bapa-bapa, ibu-ibu, mangga pilih obat-obatan abdi anu dipikapalay !" Breng bapa-bapa sareng ibu-ibu marilih obat, anu cenah mah murah. Sabulan ti harita. Para bapa-bapa sareng ibu-ibu protes. "Yeuh ujang. Saurang ogé euweuh anu cageur ku obat manéh téh !" "Apan saur abdi ogé obat-obatan, janten sanés obat leres... cobi waé contona ucing-ucingan. ..apan sanés ucing saleresna sanés ?" TUKANG OBAT (7) "Mang....cenah obat nyamuk, tapi siga bateré urut éta mah ?" "Ihhh....lain bateré urut samanéa ieu mah.....geus dijiad di kulon !" "Kumaha tah prakprakan nganggona ?" "Bateré dipoé, tuluy dipesék, gerus arengna, caian, semprotkeun wéh...." "Kumaha lamun reungitna teu paéh ?" "Gampang atuh...balédog waé ku bateré.." "Kumaha lamun nyingcet teu keuna ?" "Téwak reungitna, terus dibebek ku bateré, pasti paéhna !" "Leres matih tah bateré téh nya mang" TUKANG OBAT (8) " Para sadérék......ieu téh obat kuat.." "Wah...kuat naon waé tah mang ?" "Kuat macul, kuat ngaronda, kuat manggul..... .." "Da abdi mah seueur hutang....dupi aya obatna ?" "Aya....!" "Obat kuat naon tah mang ?" "Obat kuat……….kaéra !" TUKANG OBAT (9) Si babah Ho Liang téh dagang obat di pasar Cipatujah. Diwawancara ku panwaslu. "Bah...kaping lima badé milih capres anu mana ?" "Ah...ceuk kuling mah kawéh caplés ogé alus....." " Naha kitu ?" "Enya, kawéh caplés ogé wawatulan kuling" "Wah hébat si babah gaduh réréncangan capres...!" "Cowa wéh...Wie Lan Tho nu woga tokoh emas........ , Shie Mei Gha no woga tokoh sapatu, A Mien adina A Shiong nu woga tokoh weusi, Soe Shie Loh nu woga tokoh wako. Ngan Ham Tza nu kuling teu wawuh téh....." Abah Téa Paguyuban Wargi Sunda - Medn http://www.pwsmedan .blogspot. com/Sabulan tiharita si Ibu nepungan si abang tukang shampoo.

