> From: gusaeni > Tapi inti teori evolusi Darwin pan > "mangkeluk di dunya teh aya ku akibat kabeneran, mangkeluk aya sorangan ti > kondisi alamiah". Tah teori ieu sanes mangrupikeun Hukum Ilmiah oge > fakta anu tos kabuktosan. Tah ieu nu kudu kuurang bahas kang, sok > mangga geura pedar bukti-bukti anu ngadukung teori evolusi darwin teh, > anu ilmiah nya kang ulah sigana atanapi meureun.
Nambahan saeutik. Sigana Kang Gus kapangaruhan pisan ku buku-bukuna Harun Yahya, sabab lamun teu salah manehna nyebutkeun secara statistik kamungkinan rubahna DNA teh ngan 1 per sajuta (kamungkinana leutik pisan). Tapi malah beuki kaciri pisan teu konsistenna teh jeung azas " kun fa ya kun". Sanajan ceuk statistik ampir teu mungkin, tapi lamun Gusti Alloh kudu jadi, nya jadi! Kabeneran malah jauh leuwih ngabuktikeun kakawasaan nu Maha Kawasa. Nu dianggap teu mungkin bisa jadi mungkin. Cik tah kumaha Kang? Baktos, WALUYA

