Enyalah, persis dina buku Harun Yahya. Tapi kuring embung memperpanjang 
deui, geus loba baraya nu nyalindiran bosen cenah. Ari Teori evolusi mah, 
rek disebut runtag atawa henteu, rek dipikaresep atawa rek henteu, tetep we 
dipake ku kaum Elmuwan (Saintist) keur nganalis alam ........

Cag ah .....

WALUYA

> From: gusaeni
gusaeni :
upami evolusi leres aya kedahna seueur kapanggih patilasana, satiap
panimuan anyar kedahna beuki nguatkeun teori darwin.
Dina "The Origin of Species" Darwin nyanggemkeun :
Hiji-hijina hambatan teorina dina catetan fosil nyaeta teu aya
panimuan fosil, darwin ngaharepkeun panimuan fosil kahareupna beuki
loba, tur bisa ngadukung teorina.
Tapi, hiji-hiji panimuan ilmiah ngabuktikeun teori darwin teu aya
dasarna.
Catetan fosil ngabuktikeun yen jelema geus aya jutaan taun katukang
anu wujudna sarua jeung jelema ayeuna, oge manusa geus aya di dunya
lila pisan tanpa aya evolusi saeutik oge.
Lamun kaun Darwinis jujur jeung Ilmiah, kuduna maranehna miceun
anggapan yen manusa asalna ti monyet.


Kirim email ke