Pamikiran anu dasarna Sekualrisme, ditambah Iman anu lemah nya samodel kieu hasilna.
wasalam -gusaeni- Wednesday, June 4, 2008, 10:15:48 AM, you wrote: > > Leres Kang. Kuring tulas-tulis soal Teori Darwin teh keur > ngingetkeun yen elmu pangaweruh bisa bentrok jeung kayakinan > (ageman). Sanes wae teori Dawrin, tapi kahareup bakal loba masalah deui : > > > > 1. Soal kloning. Ayeuna kakara ka sato, tapi bisa wae hiji waktu > mah dipraktekkeun ka Jelema. Aya nagara nu ngalarang ku alesan > etika, tapi aya oge nagara nu nganggap teu naon-naon (Korea Selatan > sigana paling ambisius soal kloning ieu) > > > > 2. Keur urang Islam, bisa jadi masalah gede, lamun jantung Babi > bisa ngaganti jantung manusa. Sabab cenah aya kacocogan antara > Jantung Babi jeung Jantung manusa. Sedengkeun Jantung Chimpanse mah > geus dicoba, jelemana hirup sanajan ukur sabulan. Ieu nu nguatkeun > Teori Darwin yen manusa teh teu pati beda jauh jeung Chimpanse > > > > 3. Soal kahirupan diluar Dunya. Ieu oge bisa masalah, sabab lamun > kabuktian memang aya, bakal ngarobah loba cara mikir manusa, nu > "manusa sentris" (mangkeluk pangmulyana). > > > > jrrd ....... > > > > Sigana urang, kaum nu ngaku beragama kudu nyiapkeun mental keur > nyanghareupan nu kararieu, sabab tangtu aya bangsa urang nu embung > tinggaleun dina elmu pangaweruh, ngilu icikibung dina widang ieu. > > > > Nu jadi patarosan, ayeuna wae kakara nyebutkeun Teori Darwin, geus > diragukeun kaislamanana, komo engke kahareup? Untung kuring mah teu > digawe di widang ieu, kumaha nu digawe di widang ieu (Arkeologi, Anthropologi > ragawi ....jrrd)? > > > > Nyanggakeun ...... > > > > > > Baktos, > > WALUYA >

