Ieu akibat pamarentah nu teu tegas, lamu Ahmadiyah sesat nya sok atuh
geura kaluarkeun SKB-na. Ulah dilila-lila anu antukna amarah rahayat
teu bisa kabendung.

Sunday, June 1, 2008, 8:59:09 PM, you wrote:

>   
> Tadi sore cenah, di Monas aya kagiatan lahirna Pancasila (1 Juni). Aya
>  kolompok nu ngiluan nu meperjuangkeun kabebasan beragama di Indonesia. Eh
>  ari pek teh diserebu ku FPI terus digebugan. Aya 12 urang nu dibawa ka Rumah
>  Sakit. Cek dina detikcom, salah saurang nu digebugan teh Kiai Maman*). Kiai
>  Maman tepi ka kapaehan. Oge kabejakeun Mohammad Guntur Romli nu tulisanana
>  loba nyebar di Internet. Gus Dur oge ampir-ampiran da arek datang, untung
>  ditelepon ku istrina.
>  
>  Anehna pulisi ngantep, cenah alesanna tinimbang "memperkeruh suasana". Alah
>  .... kumaha ieu teh Pa Pulisi, nu digebugan ku FPI teh Kiai, nu sarua boga
>  massa. Komo lamun tepi ka Gus Dur dirogahala mah bisa-bisa awut-awutan ieu
>  nagara, sabab masa pendukungna lain saeutik, jutaan. Kumaha lamun ngamuk?
>  
>  Atawa ngahaja kitu supaya soal BBM repeh?  Teuing atuh, beuki teu ngarti
>  kuring mah ieu nagara rek dibawa kamana ....
>  
>  *) Di daerah  Jatiwangi Majalengka aya Kiai kasohor, namina Kiai Maman.
>  Ngora keneh, kuring kungsi ngadengekeun khotbahna basa adi kuring arek naek
>  Haji. Khotbahna sae matak "tiis ceuli herang mata". Naha Kiai Maman anu ieu
>  kitu?
>  
>  Baktos,
>  WALUYA
>  [Hayang pindah nagara euy .....] 
>  



Kirim email ke