Walah, nepi ka nganggo jurus "ciuman nu pangakhirna" di bangsa barat sagala kang Wendy kanggo ngejelaskeun maksud kecap "khatam" teh? Tega kituna Kang wendy keur ngajelaskeun bab Rosul anu mulya, dugi ka nyutat bab ciuman ala barat :. Asana teu kedah kitu kang lamun teu popohona teuing mah.
Oge, upami Kang Wendy emut salah sahiji ayat Al Qur'an anu dina eta ayat ngarendeng antara kecap Nabi jeung Rosul, ngandung maksudna ari Nabi jeung Rosul dina maksud kanabian jeung karosulan Muhammad saw teh eta-eta keneh. Jadi, "khotaman nabiyin" jeung "khotaman rasulin" teh sadarajat, eta-eta keneh, teu peryogi nganggo jurus ciuman ala koboy sagala rupa. Upama anu dimaksud teh lain dina maksud kanabian/karosulan anu sadarajat Nabi/Rosul Muhammad saw, keur naon atuh? Engke, mungkin aya bantahan, dumasar ayat Al Qur'an, yen aya rupa-rupa "rosul" anu diantarana hartina teu kudu para nabi wae. Muhun da ari narjamahkeun Al Qur'an teh teu kedah ditingal konteksna? Basa Arab, siga anu gampang, tapi upama teu paham konteksna bisa pabaliut. Upamana wae, kecap "waro'a" hartina bisa "di hareup" bisa oge "di tukang". Dina ayat ngeunaan Nabi Khidir as anu ngajelaskeun ka Nabi Musa as kunaon anjeunna bet molongoan parahu anu keur ditumpakan ku aranjeunna, kecap "waro'a" teh hartina "di hareup" tawa "bakal kasorang". Tapi, dina kalimah sejen, kecap "waro'a" hartina bisa "di tukangeun" atawa "geus kaliwat". Conto sejen, kecap "maula" hartina bisa "pamimpin" atawa "anu dipimpin". manAR. On Thu, Jun 5, 2008 at 3:30 PM, YADI supriadi wendy <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > ua duq wrote: > > ari kuring mah pernah maca, cenah ahmadiyah jeung islam 'umum' bedana > teh dina napsirkeun kecap 'khataman nabiyin' dina qur'an. kaum ahmadi > teu ngartikeun khataman di dinya 'panganggeusan' saperti umumna islam > sejen ngahartikeun tapi dihartian 'cap' atawa 'stempel'. > > > > > > > > ari pamanggih mah ngeunaan ahmadiyah teh kieu - sumber formal ti inyana. > cenah eta mah dina sungut, jeun teuing. aya urusanana sareng allah ta ala > ieuh. > allah ta ala nu kagungan islam, allah ta ala nu ngariksana, allah ta ala ku > anjeun pasti kagungan cara kanggo ngajagina. > kuring ge nu acong-acongan shalat, can karuhan husu - da hate mah inget bae > ka popotongan - naha mun katohyan ku fpi bakal didemo kitu? > tah, mun piagam jakarta jadi bubuka uud 45, kuring mungkin "satuju" mun fpi > jadi "polisi" ibadah. ahmadiyah teu sapuk jeung mainstream, sikat. jil beda > jeung nu lian, lipet., kulantaran aya kawajiban ngalakukeun syareat islam > versi panguasa. hartina mun teu betah, silahkan kabur ti ieu nagri. > > (ngeunaan hal > ieu nyanggakeun ka ahli basa arab keur nerangkeunna). > > > aya kecap sejen nu kapanggih: manusa teh "khaataman mahluqot", naha hartina > manusa teh mahluk pangahirna? atawa pang mulyana di antara mahluk-mahluk > allah [sato, tutuwuhan jeung manusa]? > aya deui ali teh "khaataman aulia", naha hartina teu aya deui wali satos > sayidina ali? ari wali sanga? > oge aya kecap: yen utsman teh "khaataman muhajirin", naha teu aya deui nu > hijrah satos sayidina utsman? duka teuing, tapi kamari taun opat puluhan > siliwangi hijrah ka jogja. > malah almarhum hamka, dina carponna "sebulan di amerika", make nyebutkeun > yen ciuman di sawatara urang bule mah mangrupa hadiah nu paling khaatam. > naha si lalaki moal mere hadiah deui ka pasanganana kitu? piraku? paling > oge, hartina hadiah nu paling afdol! > jadi deui khaataman bisa oge hartina nu utama, nu pangmulyana. > > tah ti dinya > maranehna bisa ngabenerkeun kana kanabian mirza ghulam ahmad.. > > > > > > > numutkeun kn muhammad saw, n isa ibnu maryam bakal sumping deui. naha ieu > sanes kalungsuran nabi satos kn muhammad saw? pan nabi isa a.s. mah periode > kanabianana satacan kn muhammad saw. haaar, dimana ilmiahna pami salami ieu > nabi isa a.s. masih jumeneng keneh di langit [nurutan kapercayaan kristen, > kitu?]. padahal raden gatot gaca, eh lepat, astronot pulang anting ka bulan, > teu pendak sareng n isa. sarengan deui seueur ayat-ayat alquran [pami kersa > macana] nu nunjukkeun yen wahyu, nabi, khalifatullah masih aya keneh sabada > kn muhammad saw! nu moal aya deui teh wahyu syariat [alquran kitab suci > pamustungan]. > malih hti - nu ngupayakeun daulah khilafah - nyebatkeun khalifah nu bade > diwangun teh disebatna oge "khalifah min hajjin nubuwwah", hartosna daulah > khalifah tina dasar kanabian. kitu deui oge nu, nyebatkeun nabi isa a.s. > [imam mahdi] bakal lungsur deui. tong lepat habib assegaf (fpi) oge nungguan > n isa sareng imam mahdi. > > salam, > yadi > > >

