shinda neng wrote: > SIM KURING BADE NAROS, KEUR KAJADIAN NABI MUHAMMAD NARIMA WAHYU DI GUA > HIRO ARAB, NABI TEH KU JIBRIL DI TITAH MACA NYA, CENAH > IQRO...IQRO....!!!! NA NABI MUHAMMAD TEH DI TITAH MACA NAON...?
neng shinda, elmu alquran mah luhung, luhung pisan malih. dugi ka iraha bae oge bakal tiasa ngawaler tuntutan jaman. upami ngan saukur ningali "content-na" nu mung genep rebuan ayat mah, cek logika moal-moal tiasa nedunan tuntutan eta. janten carana teh "pengertian" atanapi ngahartoskeun alquran mah teu tiasa mung sakadar textual [tersurat], tapi oge seueur hartosna nu tersurat - malah mungkin langkung luas. dina al baqarah kapendak yen allah ta ala moal sungkan-sungkan masihan permisalan sanaos sagede reungit oge, srrd. tah dasar ti dinya, uihan kana patarosan neng shinda. emut pan harita mah kn muhammad saw teh masih bh [ummiy], piraku allah teu uningaeun? janten nu kedah ku urang ditingali teh yen ayat-ayat eta mangrupi pelajaran munggaran ti allah ta ala kanggo ummat manusa sadunya ku perantaraan kn muhammad saw kanggo "mengenal' allah ta ala langkung-langkung ti sateu acanna. nyaeta negeskeun ku jalan maca/ngaji diri/ngabandungan/"aware" yen allah nu maha pencipta teh, sst...... [saluyu sareng ayat-ayat salajengna nu lungsur dina kasempatan mugngaran eta. manawi kitu bae heula nya, neng shinda salam, yadi p.s. numutkeun nettiket, pami nyerat surel nganggo huruf kapital, hartosna gogorowokan

