Nuhun kang Roni kana waleranana 2008/6/4 roni nugraha <[EMAIL PROTECTED]>:
RN: Sapinteur-pinterna jalmi, upami teu tiasa maca tangtos moal leuwih pinter ti jalmi nu tos tiasa maca. komo deui dibandingkeunana di bidang sastra, tangtos pisan nu teu tiasa maca mah sesah. tangtangan teh ayana di al quran, al quran eta tos di buktikeun ti Allah. Upami al quran ti kangjeng nabi, muereun gaya bahasa Al quran sareng hadits moal jauh beda, tp da kanyataanana al quran sareng hadits gaya bahasana jauh pisan. DN: Perkawis eta, aya keneh anu ngawaler: tangtos parantos diemutan heula ku kangjeng Nabi yen gaya basa Qur'an kitu, sedengkeun hadits kitu. RN: Enstein dina teorina nyebatkeun cahaya teh konstan jalanna. tp faktana henteu. cahaya teh sifatna jiga gelombang, teu konstan. teori enstein benten sareng kanyataan. janten saur saha konsisten DN: Perkawis ieu, abdi kirang terang, nanging katingalna Einstein teu acan kabukti lepat. Nembe 'panginten lepat'. http://www.google.com/search?q=einstein+wrong+about+light RN: pendapat ieu teu konsisten sareng faktana. nu kahiji.bahasa al quran sareng bahasa urang yahudi atanapi nasrani benten pisan. kadua, dina al quran aya kajadian-kajadian nu teu aya dina talmud atanapi injil, nah eta kangjeng nabi kengin di mana tah.katilu, ngemut2 cariosan batur teh, ngabutuhkeun waktu nu teu singkat, komo deui kedah di koreksi, tangtos butuh waktu lami kanggo mikirna. Faktana, aya ayat nu ngeunaan kajadian nu eta ayat turun saentos kajadianna nembe beres. DN: Panginten tiasa dipangnyebatkeun ku kang Roni ayat nu mana-manana? Aya nu nyebatkeun, yen kumargi basana benten, janten alur carita anu katangkep ku kangjeng Nabi janten rada benten. RN: sakitu heula nya, tos tunduh yeuh. bade kulem heula. btw, namina sami euy sareng simkuring tungtungna. hehhe DN: Sami urang Sunda. :-) Wassalaam, Dian.

