>
> On 6/3/08, Dian Nugraha <dian.nugraha@ gmail.com <[EMAIL PROTECTED]>>
> wrote:
>>
>>   Perkawis anu diserat ku kang Gusaeni, "Dinu kamungkinan ka hiji urang
>> arab (lain saurang dua urang) teu bisa nyambut ka tangtangan Alloh, jadi
>> asup akal lamun Muhammad anu sorangan tangtu moal bisa." Diwalerna teh, yen
>> kangjeng Nabi Muhammad sanaos '*ummiy*, nanging anjeunna teh pinter
>> kacida. Janten anu nangtang urang Arab teh sanes Alloh, nanging kangjeng
>> Nabi nyalira
>>
>

> Sapinteur-pinterna jalmi, upami teu tiasa maca tangtos moal leuwih pinter
>> ti jalmi nu tos tiasa maca. komo deui dibandingkeunana di bidang sastra,
>> tangtos pisan nu teu tiasa maca mah sesah. tangtangan teh ayana di al quran,
>> al quran eta tos di buktikeun ti Allah. Upami al quran ti kangjeng nabi,
>> muereun gaya bahasa Al quran sareng hadits moal jauh beda, tp da
>> kanyataanana al quran sareng hadits gaya bahasana jauh pisan.
>>
>




> Nalika disebatkeun ayat Qur'an, "upama Qur'an lain ti Alloh, tangtu maraneh
>> bakal nimu pacegcogan di jerona". Aya ateis anu ngawaler, "Einstein oge
>> mampu nuliskeun tiori-tiori anu konsisten hiji jeung nu lian, konsisten oge
>> jeung fenomena alam, boh nu kapanggih ayeuna, boh nu kabuktikeun sanggeusna.
>> Naha Einstein kenging wahyu ti Alloh?
>>
>

> Enstein dina teorina nyebatkeun cahaya teh konstan jalanna. tp faktana
>> henteu. cahaya teh sifatna jiga gelombang, teu konstan.  teori enstein
>> benten sareng kanyataan. janten saur saha konsisten.
>>
>> Teras aya hiji deui kamungkinan, yen
>> 4. Qur'an teh cutatan sareng robihan tina kitab sanes (Bibel sareng
>> Talmud).
>> Pedah dina sajarahna kangjeng Nabi Muhammad teh saurang padagang anu sok
>> ka mana mendi dagangna. Kukituna seueur kontak sareng ngobrol sareng
>> pendeta-pendeta nasrani, oge kaum Yahudi. Anjeunna janten sok nguping
>> cariosan pendeta sareng kaum Yahudi. Cariosan pendeta-pendeta ieu diemutan
>> deui ku kangjeng Nabi, anu henteu luyu/teu konsisten dilelempeng, teras
>> dikedalkeun mangrupi Qur'an.
>>
>

> pendapat ieu teu konsisten sareng faktana. nu kahiji.bahasa al quran sareng
>> bahasa urang yahudi atanapi nasrani benten pisan. kadua, dina al quran aya
>> kajadian-kajadian nu teu aya dina talmud atanapi injil, nah eta kangjeng
>> nabi kengin di mana tah.katilu, ngemut2 cariosan batur teh, ngabutuhkeun
>> waktu nu teu singkat, komo deui kedah di koreksi, tangtos butuh waktu lami
>> kanggo mikirna. Faktana, aya ayat nu ngeunaan kajadian nu eta ayat turun
>> saentos kajadianna nembe beres.
>>
>


>
>>
>> Patarosan-patarosan sanesna anu nyusul
>> - kumaha ngabuktoskeun yen wahyu turun ngaliwatan Jibril?
>> - kumaha ngabuktoskeun yen isra-mi'raj teh kajadian?
>> - jrrd.
>> Sadayana, ari katingal ti luaran mah kedalna mung ti kangjeng Nabi
>> Muhammad nyalira. Anapon sahabat sareng nu sanesna (anu ariman), henteu
>> nyaksian langsung, iwal ti percanten/iman kana cariosan kangjeng Nabi.
>>
>> Salam,
>> Dian.
>>
>


> sakitu heula nya, tos tunduh yeuh. bade kulem heula. btw, namina sami euy
>> sareng simkuring tungtungna. hehhe
>>
>> 2008/6/3 gusaeni <[EMAIL PROTECTED] i.com <[EMAIL PROTECTED]>>:
>>
>> Kamungkinan asal muasal Al-Quran aya 3 :
>> 1. Al-Quran jieunan urang arab, sabab bahasana arab jeung turun
>> diarab.
>>
>> 2. Al-Quran Jieunan Muhammad, sabab manehna nu mamawa Quran
>>
>> 3. Al-Quran bener-bener ti Alloh.
>>
>> Aya kamungkinan nu sanes ??
>>
>> 1. Pamaggih anu nyebutkeun Al-Quran Jieunan urang arab ieu pamanggih
>> anu salah, naha ?
>> Sabab Al-Quran nangtang bangsa arab keur nyieun tandingan Al-Quran :
>> Dina surat Hud ayat 13 :
>> "Omongkeun : datangkeun 10 surat anu bisa nyaruaan Al-Quran"
>>
>> Dina Surat Yunus ayat 38 :
>> "omongkeun:(Lamun bener anu anjeun omongkeun), coba datangkeun hiji
>> surat wae anu sarupa"
>>
>> Tah urang arab dugi ka ayeuna teu bisa nyambut kana tangtangan eta,
>> hartina pamanggih yen Al-Quran jieunan urang arab katolak. Asup akal
>> sabab urang arab teu bisa nyieun kita anu samodel Quran.
>>
>> 2. Pamanggih anu nyebutkeun Quran jieunan muhammad oge salah, naha ?
>> Sajenius-jeniusna Muhammad, manehna tetep urang arab. Dinu kamungkinan
>> ka hiji urang arab (lain saurang dua urang) teu bisa nyambut ka
>> tangtangan Alloh, jadi asup akal lamun Muhammad anu Sorangan
>> tangtu moal bisa.
>>
>> 3. Tah tinggal kamungkinan ka tilu, yen Al-Quran ti Alloh.
>> Tah ieu nu bener, lamun lain ti urang arab, lain ti Muhammad, nya timana
>> deui eta Al-Quran Ari lain ti Alloh.
>> Alloh ngajangjikeun keur ngajaga kamurnian Al-Quran tepi ka Ahir
>> jaman, ieu kabuktian nepi ka ayeu Al-Quran teu aya parobahan, eusina
>> tetep sarua. Sok sanajan kelompok beda-beda, bisa Sunni, Syi'ah, NU,
>> Muhammadiyah jeung nu sejena, eusi Al-Quran-na sarua. Beda jeung agama
>> nu sejen.
>> Ieu beuki nguatkeun yen Quran bener-bener ti Alloh.
>>
>> Lamun urang geus ngabuktikeun ku jalan kieu, Insya Alloh kaimanan
>> urang ka Al-Quran sanes kaimana nu dipaksakeun( Dogmatis) . Tapi kaimanan
>> anu tos bisa dibuktoskeun
>>
>> Tuesday, June 3, 2008, 4:43:31 AM, you wrote:
>>
>> > Aya tilu kalimah dina seratan kang Gusaeni:
>> > 1. surga, naraka, malaikat, mu'jizat, eta sadayana diterangkeun dina
>> Qur'an
>> > 2. al-qur'an datangna ti Alloh
>> > 3. anu datang ti Alloh pasti bener, mustahil salah.
>> >
>> > Kalimah ka-1 tiasa dibuktikeun leres.
>> > Kalimah ka-3 mangrupi definisi. Definisi mah pasti tur kedah leres.
>>
>> > Tah kantun kalimah ka-2. Wireh abdi matuh (samentawis) di nagara
>> > Kaler, seueur ateis anu nanya, "kumaha ngabuktikeun Al-Qur'an datangna
>> ti Alloh sacara ilmiah?"
>> >
>> > Wassalaam,
>> > Dian.
>>
>>
>
>  
>

Kirim email ke