wa'alaikumsalaam w. w. bagea, teh eka (sigana mah teteh-teteh), wilujeng sumping di milis kusnet... hayu urang sami2 terus diajar & ngamumule basa sunda. di dieu, di bumi, di mana wae ayana. bujeng-bujeng kirang merenah, mun ngadengekeun tea mah halimpu kadanguna, matak tingtrim & tiis kana ati. ieu yeuh anu rada sesah dipilari di mojang sunda jaman kiwari, teh.
sababaraha waktu ka tukang, babaturan kuring neangan jodo. ari prok ditepungkeun jeung mojang bandung nu alewoh tapi basa sundana mani lemes. eta mah langsung bogoh, teu daek ka nu sejen. "*bener bogoh alatan kalemesan basana?*" kuring nanya. "*enya, euy... mun teu beunang ku uing teh lebar temen...*" ceuk manehna. "*geulis, teu?*" kuring nanya deui. "*dijilbab... beungeutna mah lah sed saeutik ti rianti cartwright...*" ceuk manehna kalem. "*walaaah... aya deui teu?* *nu kitu mah uing ge wani dua...*" ceuk kuring. "*bedul siah!!!*" ceuk babaturan. punten, bet jadi ocang. mangga dilajeng, ulah asa-asa nyerat. On Thu, Jun 5, 2008 at 3:40 PM, Eka Rustiasari Perwita wrote: > Anu kahiji, teu aya kecap anu langkung merenah diucapkeun kanggo > sadayana iwal ti assalamu'alaikum wr.wb mudah-mudahan saderek sadayana > dipasihan kasalametan ku Allah swt.. > > Dinten ieu kemis ping 05 Juni abdi lebet ka ieu milis. Abdi palay > ngiringan milis urangsunda.. supados tiasa diajar basa sunda anu sae. > nepangkeun nami abdi Eka, > linggih Tasikmalaya, > hapunten bilih basa sunda abdi kirang merenah, > > hatur nuhun kana pangangkenna. > Wassalamu'alaikum > Eka > -- sikandar su.wikipedia.org www.urangsunda.or.id

