hurseh aya batur salembur euy! nepangkeun kang gumelar, kuring ge baheulana
mah urang wado. nepi ka sma lah kira-kira. ayeuna mah geus mencar sorangan,
geus disapih jadi jatinunggal tea. akang mah urang kota wadona nya? heuheu
si dudi mah ti desa sarimekar kang, aran lemburna banjarasih di tutugan
pasir balukbuk. nu baheula mah kakoncara sirkuit motocross jeung grasstrack
tingkat jabar (halah agul nya euy? haha).

sok lah geura bumetah di milis ieu. tong hilap, bagikeun gulana :)

On Sun, Jul 27, 2008 at 7:47 AM, Gumelar <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Reueus pisan janten urang sunda teh.. Nepangkeun abdi kawit ti Wado,
> wates sumedang palih kidul, Alhamdulillah rorompok pun biang mah teu
> kakeueum ku Jatigede. Cag heula, salam ka sadayana...
>
>  __._,
> ._,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-b
~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~

Kirim email ke