deuhhh panyakit lila kanceuh deui euy..!!
mun wanoja nu nepangkeun mah, mani ngabarabay ketikanana,
tapi mun jalu nu asup mah ngan saukur "say helo" wungkul.. :D

Panzi
**bejakeun siahh... ka si mpup... :P


> wa'alaikumsalaam w. w.
>
> bagea, teh eka (sigana mah teteh-teteh), wilujeng sumping di milis
> kusnet...
> hayu urang sami2 terus diajar & ngamumule basa sunda. di dieu, di bumi, di
> mana wae ayana. bujeng-bujeng kirang merenah, mun ngadengekeun tea mah
> halimpu kadanguna, matak tingtrim & tiis kana ati. ieu yeuh anu rada sesah
> dipilari di mojang sunda jaman kiwari, teh.
>
> sababaraha waktu ka tukang, babaturan kuring neangan jodo. ari prok
> ditepungkeun jeung mojang bandung nu alewoh tapi basa sundana mani lemes.
> eta mah langsung bogoh, teu daek ka nu sejen.
>
> "*bener bogoh alatan kalemesan basana?*" kuring nanya.
> "*enya, euy... mun teu beunang ku uing teh lebar temen...*" ceuk manehna.
> "*geulis, teu?*" kuring nanya deui.
> "*dijilbab... beungeutna mah lah sed saeutik ti rianti cartwright...*"
> ceuk
> manehna kalem.
> "*walaaah... aya deui teu?* *nu kitu mah uing ge wani dua...*" ceuk
> kuring.
> "*bedul siah!!!*" ceuk babaturan.
>
> punten, bet jadi ocang. mangga dilajeng, ulah asa-asa nyerat.
>
> On Thu, Jun 5, 2008 at 3:40 PM, Eka Rustiasari Perwita wrote:
>
>>   Anu kahiji, teu aya kecap anu langkung merenah diucapkeun kanggo
>> sadayana iwal ti assalamu'alaikum wr.wb mudah-mudahan saderek sadayana
>> dipasihan kasalametan ku Allah swt..
>>
>> Dinten ieu kemis ping 05 Juni abdi lebet ka ieu milis. Abdi palay
>> ngiringan milis urangsunda.. supados tiasa diajar basa sunda anu sae.
>> nepangkeun nami abdi Eka,
>> linggih Tasikmalaya,
>> hapunten bilih basa sunda abdi kirang merenah,
>>
>> hatur nuhun kana pangangkenna.
>> Wassalamu'alaikum
>> Eka
>>
>
> --
> sikandar
> su.wikipedia.org
> www.urangsunda.or.id
>


Panzi
E-mail : [EMAIL PROTECTED]
Enggineering Section
PT Inti Pindad Mitra Sejati
Bandung - Jawa Barat

Kirim email ke