di urang loba keneh nu make tawasul, contona tarekat abah anom di tasik, puguh 
jalma maot ditahlilkeun, aya di cirebon, jeung wali songo sok dijarahan, lamun 
nurutkeun ajaran wahabi berarti sakabeh makam wali kudu diancurkeun di cirebon, 
banten, jrrd, tarekat abah anom di tasik kudu dilarang soalna musrik, bid'ah 
jrrd, padahal loba korban narkoba geus dicageurkeun di suryalaya ?, tahlil kudu 
dilarang, lamun kitu sakabeh urang indonesia sesat ?, ngan wahabi wungkul nu 
bener ?


From: [EMAIL PROTECTED]



 
dihandap ieu aya tulisan ngeunaan Muhammad bin Abdul Wahab, punten teu 
disundakeun,
Muhammad bin Abdul Wahab hirup mangsa daerah arab mahabu ku ajaran-ajaran anyar 
nu teu dicontokeun ku Rasulullah saw saperti tawassul, istighasah, jeung menta 
berekah ka kuburan jeung salian Allah, Anjeuna nyebarkeun dakwah supaya umat 
Islam  balik deui ka agama tauhid, nurutkeun Al Qur'an, hadits anu shahih jeung 
pemahaman para Sahabat. Salah sahiji kabilah anu ngadukung dakwah tauhid 
Muhammad bin Abdul Wahab nyaeta  kabilah anu dipimpin ku Muhammad bi Su'ud, anu 
berhasil ngahijikan para kabilah jadi Karajaan Arab Saudi ayeuna. 

Kirim email ke