Eta mah tinggal lenyepan we ku nyalira,
Bari na ge teu sakabeh urang Indonesia sok Tawasul Ka nu geus maot?? henteu
kang.
Urang INdonesia teu sakabeh sesat, nu sesat mah nu sok Tawasul. Contona
Persis, Muhammadiyah, ikhwanul muslimin (IM) jrrd, pan teu ngameunangkeun
tawasul ka nu geus maot, timana atuh larangan na? tina hadist. lain ceuk wahabi
kang...
Bari na ge maranehan na ge pan termasuk warga Negara Indonesia...
Jadi teu sakabeh bangsa Indonesia sesat...
Geus aya aturan na ti kanjeng nabi, kumaha aturan na hiji makam, naon nu teu
meunang. Lain makam nu kudu diancurkeun. Bahkan sabalikna kudu hormat ka makam
ku cara ngucapkeun salam mun ngaliwatan kuburan (tangtuna ge makam kaum
muslimin), teu meunang ngalengkahan makam, eta teh hiji ciri yen Islam
ngahormati pangeusi eta kuburan. Lain kudu diancurkeun kang ......
(anu penting mah tong kaleuleuwihi dina hal makam), nepi ka beak jutaan keur
ngabangun makam, hirup mah kudu nurutan kanjeng rosul. Rosulullah bahkan pernah
ngalarang niungan makam, atawa makam nu dijieunkeun bangunan, jeung tutunggul
dibengker lawon bodas.
Sabab hilang sakabeh amal perbuatan jeung hubungan na jeung nu dihirup hiji
jalma, salian ti tilu perkara,
1. Sodaqoh Jariah
2. Elmu nu mangfaat
3. Doa na anak nu soleh.
Hadist nu ngariwayatkeun hal ieu teh lain hadist nu dipake ku wahabi hungkul,
tapi ku sakabeh ummat Islam di sakabeh dunya.
Ari urang ka wali songo mah pan taya hubungan nanaon, naha make kudu tawasul,
sing kaharti we atuh kang...
Hiji deui, rosulullah ngalarang kuburan dijadikeun masjid jeung masjid
dijadikeun kuburan.
Contona ari di Masjid meni combrek, taya jelema nu ngaji, ari di kuburan wali
songo meni pinuh unggal malem jumat ku jelema nu ngaji yasin, nanaonan eta
kang..?
cag heula...
Fathan Yudanegara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
di urang loba keneh nu make tawasul, contona tarekat abah anom di
tasik, puguh jalma maot ditahlilkeun, aya di cirebon, jeung wali songo sok
dijarahan, lamun nurutkeun ajaran wahabi berarti sakabeh makam wali kudu
diancurkeun di cirebon, banten, jrrd, tarekat abah anom di tasik kudu dilarang
soalna musrik, bid'ah jrrd, padahal loba korban narkoba geus dicageurkeun di
suryalaya ?, tahlil kudu dilarang, lamun kitu sakabeh urang indonesia sesat ?,
ngan wahabi wungkul nu bener ?
From: [EMAIL PROTECTED]

dihandap ieu aya tulisan ngeunaan Muhammad bin Abdul Wahab, punten teu
disundakeun,
Muhammad bin Abdul Wahab hirup mangsa daerah arab mahabu ku ajaran-ajaran anyar
nu teu dicontokeun ku Rasulullah saw saperti tawassul, istighasah, jeung menta
berekah ka kuburan jeung salian Allah, Anjeuna nyebarkeun dakwah supaya umat
Islam balik deui ka agama tauhid, nurutkeun Al Qur'an, hadits anu shahih jeung
pemahaman para Sahabat. Salah sahiji kabilah anu ngadukung dakwah tauhid
Muhammad bin Abdul Wahab nyaeta kabilah anu dipimpin ku Muhammad bi Su'ud, anu
berhasil ngahijikan para kabilah jadi Karajaan Arab Saudi ayeuna.