To: [EMAIL PROTECTED]: [EMAIL PROTECTED]: Thu, 12 Jun 2008 03:27:43
-0700Subject: RE: [Urang Sunda] sajarah Muhammad bin Abdul Wahab _kang fathan
Eta mah tinggal lenyepan we ku nyalira,
Bari na ge teu sakabeh urang Indonesia sok Tawasul Ka nu geus maot?? henteu
kang.
Urang INdonesia teu sakabeh sesat, nu sesat mah nu sok Tawasul. Contona Persis,
Muhammadiyah, ikhwanul muslimin (IM) jrrd, pan teu ngameunangkeun tawasul ka nu
geus maot, timana atuh larangan na? tina hadist. lain ceuk wahabi kang...
Bari na ge maranehan na ge pan termasuk warga Negara Indonesia...
Jadi teu sakabeh bangsa Indonesia sesat...
Geus aya aturan na ti kanjeng nabi, kumaha aturan na hiji makam, naon nu teu
meunang. Lain makam nu kudu diancurkeun. Bahkan sabalikna kudu hormat ka makam
ku cara ngucapkeun salam mun ngaliwatan kuburan (tangtuna ge makam kaum
muslimin), teu meunang ngalengkahan makam, eta teh hiji ciri yen Islam
ngahormati pangeusi eta kuburan. Lain kudu diancurkeun kang ......
(anu penting mah tong kaleuleuwihi dina hal makam), nepi ka beak jutaan keur
ngabangun makam, hirup mah kudu nurutan kanjeng rosul. Rosulullah bahkan pernah
ngalarang niungan makam, atawa makam nu dijieunkeun bangunan, jeung tutunggul
dibengker lawon bodas.
Sabab hilang sakabeh amal perbuatan jeung hubungan na jeung nu dihirup hiji
jalma, salian ti tilu perkara,
1. Sodaqoh Jariah
2. Elmu nu mangfaat
3. Doa na anak nu soleh.
Hadist nu ngariwayatkeun hal ieu teh lain hadist nu dipake ku wahabi hungkul,
tapi ku sakabeh ummat Islam di sakabeh dunya.
Ari urang ka wali songo mah pan taya hubungan nanaon, naha make kudu tawasul,
sing kaharti we atuh kang...
Hiji deui, rosulullah ngalarang kuburan dijadikeun masjid jeung masjid
dijadikeun kuburan.
Contona ari di Masjid meni combrek, taya jelema nu ngaji, ari di kuburan wali
songo meni pinuh unggal malem jumat ku jelema nu ngaji yasin, nanaonan eta
kang..?
cag heula...
Fathan Yudanegara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
di urang loba keneh nu make tawasul, contona tarekat abah anom di tasik, puguh
jalma maot ditahlilkeun, aya di cirebon, jeung wali songo sok dijarahan, lamun
nurutkeun ajaran wahabi berarti sakabeh makam wali kudu diancurkeun di cirebon,
banten, jrrd, tarekat abah anom di tasik kudu dilarang soalna musrik, bid'ah
jrrd, padahal loba korban narkoba geus dicageurkeun di suryalaya ?, tahlil kudu
dilarang, lamun kitu sakabeh urang indonesia sesat ?, ngan wahabi wungkul nu
bener ?From: [EMAIL PROTECTED] dihandap ieu aya tulisan ngeunaan Muhammad bin
Abdul Wahab, punten teu disundakeun,Muhammad bin Abdul Wahab hirup mangsa
daerah arab mahabu ku ajaran-ajaran anyar nu teu dicontokeun ku Rasulullah saw
saperti tawassul, istighasah, jeung menta berekah ka kuburan jeung salian
Allah, Anjeuna nyebarkeun dakwah supaya umat Islam balik deui ka agama tauhid,
nurutkeun Al Qur'an, hadits anu shahih jeung pemahaman para Sahabat. Salah
sahiji kabilah anu ngadukung dakwah tauhid Muhammad bin Abdul Wahab nyaeta
kabilah anu dipimpin ku Muhammad bi Su'ud, anu berhasil ngahijikan para kabilah
jadi Karajaan Arab Saudi ayeuna.
_________________________________________________________________
Explore the seven wonders of the world
http://search.msn.com/results.aspx?q=7+wonders+world&mkt=en-US&form=QBRE