Kacaritakeun si Kabayan pindah imah. Imah si Kabayan anu mimiti, ayana di
bojong windows. Ku sabab loba wae awaril jeung masalah, ahirna si Kabayah
pindah ka babakan Linux. Sok sanajan imahna di bojong windows teh genaheun,
pemandangannana asri, sagala rupa fasilitas tersedia, tapi si Kabayan
kaitung penghuni teu sah. Ngaran-ngaran penghuni teu sah tea atuh
pikiraneun. Peuting teu ngeunah sare, beurang teu ngenah dahar. Sing sarwa
sieun, sieun di razia kunu berwajib.

Sanggeus lila nimbang-nimbang, ahirna si Kabayan mutuskeun rek pindah imah
ka babakan Linux.

Kaayaan di babakan Linux, sabenerna hanteu saperti anu dibayangkeun ku si
Kabayan. Salila ieu si Kabayan ngabayangkeun babakan linux teh masih keneh
leuweung ganggong sima gonggong. Jalan ka dinya tarahal. Walurat hese ku
cai. jsb.

Lamun baheula mah memang kitu kaayaan babakan linux teh, tapi sanggeus loba
anu nyicingan ngadon ngababakan didinya, nya kaayaan lembur babakan linux
teh ngaronjat. Jalan mulus ngabulungbung, cai cur cor teu kakurangan.
Leuweung anu tadina pi kasieuneun teh diatur dirapih-rapih sangkan ngeunah
katingalina jeung teu ngabahayakeun teuing. Malahan mah ieu leuweung teh
ayeuna mah sok dimangpaatkeun ku urang babakan linux, boh anu resep moro
atawa nu ngala suluh.

Hal sejen anu jadi pertimbangan si Kabayan memeh pindah ka Babakan linux teh
nyaeta kaayaan imah. Sok sieun teu pikabetaheun. Ari geus di pindahan mah
geuningan teu susah teusing.

Ngaran-ngaran imah tangtu ngabogaan fungsi-fungsi dasar anu sarua, sanajan
wanda jeung modelna tangtu beda-beda. Ngaran-ngaran imah pasti aya pantoan,
aya tampian, aya enggon aya pawon.

Memang imah si Kabayan anu di bojong windows jeung di babakan linux teh
beda. Tapi sanajan kitu, si Kabayan teu bingung nyicingan eta imah, ku sabab
nya kitu tea ngaran-ngaran imah mah sarua ngabogaan bagian-bagian  dasar anu
sifatna universal.

Di bojong Windows, imah-imah teh ngabogaan sababaraha model, aya type 3.1,
aya type 98, aya type 2000, type xp malah anu paling anyar aya deui type
vista.
sedengkeun di babakan linux mah konsepna make konsep cluster. aya cluster
RedHat, cluster Debian, Cluster Slackware, jeung cluster SuSe.
tah dina cluster-cluster ieu oge ngabogaan type anu beda-beda, contona
cluster RedHat, aya type RedHat, aya type Fedora, type Mandriva, jsb. anu
pang lobana type mah Cluster Debian, aya type Ubuntu, type Knoppix, type
IGOS, jrrd.

Si Kabayan milih Cluster RedHat type Fedora, ku sabab ceuk manehna ieu anu
paling gampang. manehna milih imah Fedora 9. Kaayaan fedora 9 geus teu eleh
ku imah anu di bojong windows type xp atawa vista. masalah penampilan teu
eleh rancunit. masalah fungsionalitas, oge teu eleh.

Sabenerna aya perbedaan anu onjoy antara imah di babakan linux jeung di
bojong windows. perbedaan ieu nyaeta dina palebah kaamanan imah. Imah-imah
di bojong windows mah geus loba kabejakeun osok kaasupan bangsat, boh ti
komplotan Virus, Trojan, komplotan Spyware atawa Malware. sok sanajan geus
di pasangan konci sagede nanahaon oge, tetep we eta  komplotan teh bisa
asup. duka teuing kumaha carana.

Sedengkeun ari imah-imah di babakan linux mah teu kitu. komplotan-komplotan
bangsat teh hese lamun rek asup ka imah. sakabeh elmuna ngadadak cambal.
elmu sirep teu teurak, elmu halimunan teu mampuh. atuh bangsat-bangsat teh
teu walakaya. sok sanajan aya hiji dua penjahat anu bisa asup, tapi biasana
ieu mah lain bangsat sagawayah. jeung deui sasaran na oge lain imah cacah
kuricakan.
biasana penjahat sakti kieu mah ngala na teh imah-imah anu mundel eusina,
saperti imah-imahna para bankir, sodagar beunghar, jsb.
eta oge bisana asup si penjahat sakti teh, lain ngagunakeun cara anu biasa,
nyokel jandela atawa asup tina suhunan sanggeus sakabeh pangeusi imah di
sirep.

Penjahat sakti kieu mah boga elmu anu leuwih linuhung. Samalah ceuk cenah
mah, manehna teh bisa mancalaputra mancala putri. bisa jadi naon wae, bisa
jadi saha wae. memang eta karek cenah, da kumaha carana anu sabenerna mah
can aya anu nyahoeun.

Balik deui ka si Kabayan. Ayeuna si Kabayan geus nyicingan imahna anu di
babakan linux. Karasa ku si Kabayan, sanggeus cicing di babakan linux, hirup
kumbuh jeung batur papada urang lembur babakan linux, pangaweruh manehna aya
ronjatna. nya eta kusabab kahirupan di babakan linux mah, sok aya wae hal
anu ngadorong si kabayan pikeun tatanya. aya we masalah teh. timimiti
masalah ngandir cai, ngarobah tempat huluwotan. neangan tangkal kembang
pesenan nyi Iteung, jsb. Anu eta masalah-masalah teh, loloba na mah can
pernah kapanggih ku Si Kabayan, sawaktu manehna cicing di bojong windows.



***baka aya sambungannana, tapi teuing iraha he..he..he..

Kirim email ke