Alah siaahh geus panjang dibaca ari pek teu aya haransi terusanana...
 
Makarya Mawa Raharja



----- Original Message ----
From: irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Monday, June 16, 2008 11:30:36 PM
Subject: [Urang Sunda] LINUX


Kacaritakeun si Kabayan pindah imah. Imah si Kabayan anu mimiti, ayana di 
bojong windows. Ku sabab loba wae awaril jeung masalah, ahirna si Kabayah 
pindah ka babakan Linux. Sok sanajan imahna di bojong windows teh genaheun, 
pemandangannana asri, sagala rupa fasilitas tersedia, tapi si Kabayan kaitung 
penghuni teu sah. Ngaran-ngaran penghuni teu sah tea atuh pikiraneun. Peuting 
teu ngeunah sare, beurang teu ngenah dahar. Sing sarwa sieun, sieun di razia 
kunu berwajib.

Sanggeus lila nimbang-nimbang, ahirna si Kabayan mutuskeun rek pindah imah ka 
babakan Linux.

Kaayaan di babakan Linux, sabenerna hanteu saperti anu dibayangkeun ku si 
Kabayan. Salila ieu si Kabayan ngabayangkeun babakan linux teh masih keneh 
leuweung ganggong sima gonggong. Jalan ka dinya tarahal. Walurat hese ku cai. 
jsb.

Lamun baheula mah memang kitu kaayaan babakan linux teh, tapi sanggeus loba anu 
nyicingan ngadon ngababakan didinya, nya kaayaan lembur babakan linux teh 
ngaronjat. Jalan mulus ngabulungbung, cai cur cor teu kakurangan. Leuweung anu 
tadina pi kasieuneun teh diatur dirapih-rapih sangkan ngeunah katingalina jeung 
teu ngabahayakeun teuing. Malahan mah ieu leuweung teh ayeuna mah sok 
dimangpaatkeun ku urang babakan linux, boh anu resep moro atawa nu ngala suluh.

Hal sejen anu jadi pertimbangan si Kabayan memeh pindah ka Babakan linux teh 
nyaeta kaayaan imah. Sok sieun teu pikabetaheun. Ari geus di pindahan mah 
geuningan teu susah teusing. 

Ngaran-ngaran imah tangtu ngabogaan fungsi-fungsi dasar anu sarua, sanajan 
wanda jeung modelna tangtu beda-beda. Ngaran-ngaran imah pasti aya pantoan, aya 
tampian, aya enggon aya pawon.

Memang imah si Kabayan anu di bojong windows jeung di babakan linux teh beda. 
Tapi sanajan kitu, si Kabayan teu bingung nyicingan eta imah, ku sabab nya kitu 
tea ngaran-ngaran imah mah sarua ngabogaan bagian-bagian  dasar anu sifatna 
universal.

Di bojong Windows, imah-imah teh ngabogaan sababaraha model, aya type 3.1, aya 
type 98, aya type 2000, type xp malah anu paling anyar aya deui type vista.
sedengkeun di babakan linux mah konsepna make konsep cluster. aya cluster 
RedHat, cluster Debian, Cluster Slackware, jeung cluster SuSe.
tah dina cluster-cluster ieu oge ngabogaan type anu beda-beda, contona cluster 
RedHat, aya type RedHat, aya type Fedora, type Mandriva, jsb. anu pang lobana 
type mah Cluster Debian, aya type Ubuntu, type Knoppix, type IGOS, jrrd.

Si Kabayan milih Cluster RedHat type Fedora, ku sabab ceuk manehna ieu anu 
paling gampang. manehna milih imah Fedora 9. Kaayaan fedora 9 geus teu eleh ku 
imah anu di bojong windows type xp atawa vista. masalah penampilan teu eleh 
rancunit. masalah fungsionalitas, oge teu eleh. 

Sabenerna aya perbedaan anu onjoy antara imah di babakan linux jeung di bojong 
windows. perbedaan ieu nyaeta dina palebah kaamanan imah. Imah-imah di bojong 
windows mah geus loba kabejakeun osok kaasupan bangsat, boh ti komplotan Virus, 
Trojan, komplotan Spyware atawa Malware. sok sanajan geus di pasangan konci 
sagede nanahaon oge, tetep we eta  komplotan teh bisa asup. duka teuing kumaha 
carana.

Sedengkeun ari imah-imah di babakan linux mah teu kitu. komplotan-komplotan 
bangsat teh hese lamun rek asup ka imah. sakabeh elmuna ngadadak cambal. elmu 
sirep teu teurak, elmu halimunan teu mampuh. atuh bangsat-bangsat teh teu 
walakaya. sok sanajan aya hiji dua penjahat anu bisa asup, tapi biasana ieu mah 
lain bangsat sagawayah. jeung deui sasaran na oge lain imah cacah kuricakan. 
biasana penjahat sakti kieu mah ngala na teh imah-imah anu mundel eusina, 
saperti imah-imahna para bankir, sodagar beunghar, jsb.
eta oge bisana asup si penjahat sakti teh, lain ngagunakeun cara anu biasa, 
nyokel jandela atawa asup tina suhunan sanggeus sakabeh pangeusi imah di sirep. 

Penjahat sakti kieu mah boga elmu anu leuwih linuhung. Samalah ceuk cenah mah, 
manehna teh bisa mancalaputra mancala putri. bisa jadi naon wae, bisa jadi saha 
wae. memang eta karek cenah, da kumaha carana anu sabenerna mah can aya anu 
nyahoeun.

Balik deui ka si Kabayan. Ayeuna si Kabayan geus nyicingan imahna anu di 
babakan linux. Karasa ku si Kabayan, sanggeus cicing di babakan linux, hirup 
kumbuh jeung batur papada urang lembur babakan linux, pangaweruh manehna aya 
ronjatna. nya eta kusabab kahirupan di babakan linux mah, sok aya wae hal anu 
ngadorong si kabayan pikeun tatanya. aya we masalah teh. timimiti masalah 
ngandir cai, ngarobah tempat huluwotan. neangan tangkal kembang pesenan nyi 
Iteung, jsb. Anu eta masalah-masalah teh, loloba na mah can pernah kapanggih ku 
Si Kabayan, sawaktu manehna cicing di bojong windows.



***baka aya sambungannana, tapi teuing iraha he..he..he..



 


      

Kirim email ke