Mun kareyeng mah... tangtu bisa. Ngan nya kitu tea... Kuring oge kungsi
nyobaan nyundakeun pidgin (baheulana Gaim, sopwer ceting), susuganan bisa
rengse memeh rilis anu bulan kamari. Ngahaja milih sopwer leutik, pikeun
ngukur kujur. Sanggeus mangbulan2, nepi ka ganti taunna, boro2 anggeus. Teu
kaur gap, aya wae pigaweeun sejen. Tungtungna mah lapur... heuheu

On Sat, Jun 21, 2008 at 10:19 PM, Asep R. Efendi wrote:

>   asa ku kagagas ku carita ngeunaan imah linux, asa inget sababaraha taun
> katukang pas kuring ngmimitian wawanohan jeung anu ngaranna linux. sakali
> mangsa ngancik dina pikiran hayang pisan ngajieun atawa moles hiji
> distribusi Linux dina bahasa Sunda. Sanajan eta teh ngan ambisi atawa
> kahayang nu pamohalan keur pribadi kuring anu teu aya pangaji dina
> programming (khususna bahasa C jeung C++ anu jadi pondasi dina ngawangun
> linux). Atuh sugan aya saurang dua urang anu aya di di ieu babakan nandangan
> elmu pangaweruh pikeun ngawujudkeun eta cita-cita. Paling heunteu moles
> Distribusi Linux anu geus aya tina bahasa asalna di tarjamahkeun jadi bahasa
> sunda, da ari Linux anu make bahasa Indonesia mah geus lumayan aya sababraha
> hiji..malihan mah Distro2 terkenal oge ayeuna mah rata-rata aya nu bahasa
> Indonesia-na siga Fedora, Ubuntu jrrd.
>
> Tah kumaha kinten-kintenna, LINUX urang Sunda kalayan bahasa pengantar dina
> Bahasa Sunda bisa aya dina kieuna?
>


-- 
sikandar
su.wikipedia.org
www.urangsunda.or.id

Kirim email ke