Ari soal pinter mah, tibaheula ge geus palinter. lain ayeuna wungkul. soal postingan, batesanana.. teu kudu nanya ka kuncen, apan tiap aya warga anyar ge geus dikiriman aturan ieu milis. ku uing di kopikeun deui tah bisi poho deui :
Aturan Milis Komunitas Urang Sunda di Internet [KUSNet] 1.Para wargi nu nembe gabung, disuhunkeun kajembaranana, kersa nepangkeun heula, make cara Urang Sunda. Saha, kawit timana, ayeuna di mana, damel naon, jeung sajabana. Perluna ieu, sangkan pancakaki, sugan bae panggih jeung dulur, sobat, jeung saterusna. nepangkeun kedah jentre. supados teu disasaha. 2.E-mail ka milis Komunitas Urangsunda di internet [KUSnet] kedah ngangge basa Sunda. hukumna WAJIB. Sabisa-bisa. Nyerat naon bae asal ku basa SUnda. Teu kudu make undak-usuk basa, cukup ku basa merenah jeung loma. 3.Kaci basa nasional atanapi Inggris [forward berita, jrrd] upami patali sareng Sunda sareng kasundaan. Oge kaci [sakali-kali tapi] ngintun heureuy/jokes, seratan hikmah atawa pieunteungeun] ku basa nasional atawa Inggris. 4.Ieu milis perkawis Sunda jeung Kasundaan. Jang mikareueus, malire, jeung ngamumule Sunda jeung kasundaan, lain jang nanaon. 5.Teu kaci nulis nu jorok/porno/jorang. 6.Teu kaci ngagogoreng seler/etnik/ras/bangsa sejen [bangsa Sunda mah komo]. Dina ayana tulisan ngeunaan eta, jang diajar/peinteungeun. 7.Teu kaci ngogogoreng agama jeung kapercayaan batur. komo agama nu diagem mayoritas Urang Sunda [Islam]. 8.Hak Penerbitan posting ka milis KUSnet diaku ku Yayasan Perceka, wadah di darat KUSnet. Baca sing teges nu nomer 7. Baca 7 balikan mah. mun can ngarti keneh, baca deui. mun can ngarti keneh bae, nya maenya teu ngarti-ngarti ih ? Cik, teu ngarti-na dina hal naon ? sok nyarita .. -Jay- --- In [email protected], gusaeni <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Ieu teh hartina urang sunda palinter kang, teu kurung batok. > Urang sunda teh geuning ayeuna mah tos ngartos pulitik, ekonomi, agama > jrrd. > perkawis batesanna nya nyanggakeun ka para kuncen, > > wasalam > -gusaeni- > > Monday, June 23, 2008, 3:25:08 PM, you wrote: > > > > > ngomongkeun batur wae ... > > ngomongkeun agama wae ... > > sakitu geus digebah ku kuncen ge, > > geuning angger wae ... > > > > jiga nu teu baroga bahan piomongeun nu sejen wae. > > > > cik atuh mikir, tong asa aing pangbenerna. > > Apanan didieu mah milis kasundaan. > > hadena nya ngobrolkeunana ngeunaan kasundaan we atuh.. > > kamana mendi wae ih ! > > > > -jay- >

