tah ieu contona jelma di kurung ku batok....
eh moal mahi ketang manehmah, da bureuteu...
di kurung container, 

ngomong keun HBH mah teu menarik...
urusan HBH mah urusan panitia, uing mah tarima beres
progress report na laporkeun kadieu, 
meh pada nyaho geus nepi kamana persiapan nana
perkara uing deuk datang atawa moal... kumaha engke
da lebaran na ge lila keneh.. gitu aja kok repot
geus ah ulah nanyakeun HBH wae...
uing keur khusu nganbandungan anu parea-rea omong


  ----- Original Message ----- 
  From: toni.sofian 
  To: [email protected] 
  Sent: Monday, June 23, 2008 6:15 PM
  Subject: RE: [Urang Sunda] Fauzan menantang mubahalah Ahmadiyah dan pembel 
anya...



  Cik atuh euy enggeus.!

  Teu ngagugu keneh ka kuncen??

  Teu ngagugu keneh kana aturan??

  Kalah loba ngabela diri wae lah lamun geus di enggeuskeun the manggeus Atuh!!

  Teu ngarti??? Basa ku MJ di Stop tea??

  Ayeuna Kuncen Jay..mangkukna Kuncen Kumi..



  Lamun erek ngabahas, saha nu masih ngabahas???

  Nya sok we japrian kainyah 2,3,4,5,6 urang ...jeung saterusna..atawa 
pindahkeun we ka milis Agama..

  Pan moal ngaganggu kabatur...



  Ieu Milis Sunda jeung Kasundaan (JELAS!!)

  Lain milis AGAMA!!

  Kuring ge miluan milis kaagamaan, milis perkantoran,pajak, IT jrrd,nya 
nianggalian postingan masing2 topik we teu pacampur jeung Kasundaan.

  Cindekna mah nya aya tempatna masing2.

  Tong maksakeun kahayang sorangan kabatur lah..!komo kanu mayoritas!

  Ti taun 2001-an uing ngiluan milis ieu , da' asa teu kieu2 teuing..kabeh ge 
beunang dicarek ku kuncen jeung baroga kaera..



  Ari ditanya saran keur halal bi halal papda urang sunda sorangan mah malah 
caricing gening.

  Salah asup atuh ari rek ngamasalahkeun agama didieu mah..lebet atuh ka milis 
nusanes, soal agama mangga dur-der na diditu..





  -ts-




------------------------------------------------------------------------------

  From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of YADI 
supriadi wendy
  Sent: Monday, June 23, 2008 5:41 PM
  To: [email protected]
  Subject: Re: [Urang Sunda] Fauzan menantang mubahalah Ahmadiyah dan pembel 
anya...



  Jay wrote: 

    Ari soal pinter mah, tibaheula ge geus palinter.
    lain ayeuna wungkul. 

    soal postingan, batesanana.. teu kudu nanya ka kuncen,
    apan tiap aya warga anyar ge geus dikiriman aturan ieu milis.
    ku uing di kopikeun deui tah bisi poho deui :

    Aturan Milis Komunitas Urang Sunda di Internet [KUSNet]

    1.Para wargi nu nembe gabung, disuhunkeun kajembaranana, kersa
    nepangkeun heula, make cara Urang Sunda. Saha, kawit timana, ayeuna di
    mana, damel naon, jeung sajabana. Perluna ieu, sangkan pancakaki,
    sugan bae panggih jeung dulur, sobat, jeung saterusna. nepangkeun
    kedah jentre. supados teu disasaha. 

    2.E-mail ka milis Komunitas Urangsunda di internet [KUSnet] kedah
    ngangge basa Sunda. hukumna WAJIB. Sabisa-bisa. Nyerat naon bae asal
    ku basa SUnda. Teu kudu make undak-usuk basa, cukup ku basa merenah
    jeung loma.

    3.Kaci basa nasional atanapi Inggris [forward berita, jrrd] upami
    patali sareng Sunda sareng kasundaan. Oge kaci [sakali-kali tapi]
    ngintun heureuy/jokes, seratan hikmah atawa pieunteungeun] ku basa
    nasional atawa Inggris.

    4.Ieu milis perkawis Sunda jeung Kasundaan. Jang mikareueus, malire,
    jeung ngamumule Sunda jeung kasundaan, lain jang nanaon.

    5.Teu kaci nulis nu jorok/porno/jorang. 



  dupi nu kasar? nyerat ku hurup kapital kalayan warna 
beureum...........?????????????




  6.Teu kaci ngagogoreng seler/etnik/ras/bangsa sejen [bangsa Sunda mah
  komo]. Dina ayana tulisan ngeunaan eta, jang diajar/peinteungeun.



  rumasa sok posting ngeunaan pieunteungeun, contona soal nasib jendral zia ul 
haq - peringetan pikeun jalma-jalma nu mikir.




  7.Teu kaci ngogogoreng agama jeung kapercayaan batur. komo agama nu
  diagem mayoritas Urang Sunda [Islam]. 



  kuring mah malahan ngabela ahmadiyah, kang jay, teu pisan-pisan ngagogoreng 
agama sorangan [islam] mah tetebiheun.




  8.Hak Penerbitan posting ka milis KUSnet diaku ku Yayasan Perceka,
  wadah di darat KUSnet. 

  Baca sing teges nu nomer 7.
  Baca 7 balikan mah.
  mun can ngarti keneh, baca deui.
  mun can ngarti keneh bae, nya maenya teu ngarti-ngarti ih ?

  Cik, teu ngarti-na dina hal naon ?
  sok nyarita ..

  -Jay-

  .





   

Kirim email ke