YADI supriadi wendy <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ih meni merekedeweng ieu jelema...paingan dibaledogan ,,...paingan
didurukan....
mun teu wawuh mangka moal nyaah
= Rek hayang wawuh kumaha kanu ngajak sesat...mun rek sesat ..sesat we
sorangan, tong mangaruhan batur...
ari nu ngahuruna mah teu nanaon...?
= moal nanaon nu ngaduruk mah da ati-ati. nu nanaon soteh nu kaduruk, jeung
diduruk...
insya allah kanggo urang sunda nu wening ati mah aya gunana, janten uninga mana
nu fitnah mana nu teu leres. ari masalah nu "haq" mah eta mung kagungan allah
ta ala.
= Tangtos.....uninga, da araranjeun nu mitnah islam..., nu ngajadikeun islam
pecah, Islam jadi riweuh, Islam jadi tercoreng ku ala barat (liberal) ari Islam
mah geus weh atuh Islam nurut tidituna,....meni kudu ngabedakeun sorangan, sing
lempeng2 we,....
leres pisan, namung sakali deui ari fitnah mah universal - kedah dilereskeun -
hawatos.
=Numawi kukuring diluruskeun, geura insyaf kang...!
Heup...da moal aya tungtungna....!!! percuma.....
sakaterang, urang sunda mah motekar - teu heureut lengkah, teu cupet, teu
kurung batok, sagala kacabak, sagala dituang - ti kawit dangdaunan dugi ka
tatangkalan [iwal ti daun ceuli sareng daun panto wae nu tara teh], atuh
tangkal awi oge kitu [cenah tara tangkal awi nu kolot teh bane bae, sieun
taraje atanapi papangge ge seep].
atuh nu bade ngabodor, kantun der bae. anu bade ngadongeng, kantun ngong bae.
mugi janten pelajaran ka urang, contona ka ayaan dulur urang di palih kulon
'kirang" maju teh kunaon, "luluhur" urang ti pajajaran ngahiang taya tapakna
teh kunanon. cek kuring mah lantaran "nutup" atawa nolak ku ayana parobahan,
antukna pangaruh islam ku perantaraan karajaan demak [cmiiw].
hal ieu tos dibewarakeun ku allah ta ala dina alquran, yen Anjeunna tiasa-tiasa
bae ngagentos urang ku kaom nu leuwih unggul. Kacatet dina sajarah kaom aad,
kaom tsamud, kaom median mung kari ngaran wungkul. atuh urang sunda mah ulah
kitu, urang ronjatkeun nu jumlahna ayeuna k.l. tilu puluh jutaan engke mah
urang lipetkeun.
tong nyieun piobroleun nu matak ngabenghul dina tikoro.
teu kudu..
diajar dewasa, tawis nu masagi teh nu tiasa nahan hawa napsu, hate kenging
panas, tikoro nyelek tapi sirah tetep tiis.
ngartos nya ?
pasti ngartos da tos ageung..
ngartos pisan, nuhun.....................
-Jay-