heuheu.. bener kang maksud ngadurenyomkeun ahmadiyah teh lain rek ngagogoreng islam/ahmadiyah asaan mah. ngan usaha sakamampuh, hayang nunjukkeun yen tah palebah dinya nu eta salah. dina emprona aya sabagian umat nu ngarasa yen nu disalahkeun teh salah. nya sarua deuih, usaha sakamampuh, nunjukeun yen tah palebah dinya mah maneh ge salah... haha ngan enya euy jadi neangan kasalahan nya? ah keun wae atuh bener salah pan ukur timana urang ningali lin? :)) salah mun dibalikeun pan jadi bener, sugan. palebah urang (nu ningali/maca/ngabandungan) rek tigebrus kamana-kamanana mah pan geus galede ieuh geus bisa milih sorangan.
eta cenah aya urang islam nu ngabela urang ahmadiyah. ceuk kuring mah lain ngabelaan kapercayaan urang ahmadiyah. ngan ukur ngabelaan ti sisi kamanusaan wungkul. nb: hubungan ahmadiyah jeung urang sunda mah. tingali we lolobana kajadian pasea ngeunaan eta pan aya di jawa barat lin? dudi muslim lain ahmadiyah On Tue, Jun 24, 2008 at 10:35 AM, gusaeni <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Jelas pisan kang, si kuring nepi ka dikalurkeun panon supados jelas > heuheu.....heureuy ah.... > Perkawis ahmadiyah numutkeun abdimah sanes ngagogoreng, tapi > ningalikeun/ngabongkar kagorenganna anu disarengan sareng > buktos-buktosna. > Eta sadayana supados urang sunda(anu mayoritas Islam) teu ti gubrus kana ka > gorengan, > janten aya keneh pakaitan antara Ahmadiyan sareng urang sunda. > sanes kitu ? > > wasalam > -gusaeni- > > Monday, June 23, 2008, 5:00:03 PM, you wrote: > ._,___ -- d-: dudi herlianto :-b ~karék cénah~

