Kahatur kang Toni + nu sanesna.
 
Mungkin ieu conto nu rada pas mun diibaratkeun "milis urang sunda" teh agama 
Islamna. Pan sakuduna saperti nu diunggel ku kang Toni, "milis urang sunda" teh 
khusus kanggo ngabahas kasundaan, tapi nyatatana sering rada nyaliwang 
diantawisna ngabahas "kaagamaan". Ku ayana nu nyaliwang eta seueur nu teu 
panuju keuheul jeung sajabina, kang dugikeun ka nulis/negeskeun pindahkeun we 
ka milis agama dan geus sering diingetkeun ku para kuncen. Kang Toni anu bageur 
(terus terang kuring respek ka kang Toni teh), di Islam oge kitu, ku ayana 
aliran Ahmadiyah nu nyaliwang nu geus sering diingetkeun ku para ulama terus 
ditegeskeun ku MUI (di dieu MUI diibaratkeun kuncenna lah) dugikeun ka 
disebutkeun sesat, eh masih keneh wae jalan jeung dibarelaan bari ditambahan 
propokasi nu ahirna garelut, tapi nu disalahkeun nu ngabela Islam. Ayeuna di 
dieu nu ngabela "milis urang sunda" teh diantawisna kang Toni, tah lamun kang 
Toni disalahkeun kumaha ? Ridha kang ? Padahal
 nyaliwang ti aturan kusnet mah teu matak dosa kang, tapi lamun nyaliwang ti 
aturan agama Islam mah jelas dosana kang ? Langkung ti eta ka para wargi nu 
kamari ngabela ahmadiyah, ulah jadi ambek, da waktu Islam dikotoran ku aliran 
ahmadiyah oge lain ngabela Islam tapi ngabela ahmadiyah.
Ku kituna, kuring ngageuing ka sadaya para wargi nu ngaku Islam, mangga geura 
belaan Islam nu dicandak/diajarkeun ku kanjeng nabi Muhamad saw, sanes MGA + 
teu aya deui nabi/rasul saatosna Nabi Muhamad saw.
Ka para wargi non muslim, saena ulah pipilueun dina bag-bagan agama Islam, 
lantaran Islam oge tara pipilueun ka agama non Islam. 
Lamun geus patuh kana aturan eta Insya Allah urang  bakal alakur jeung bakal 
patuh oge kana aturan milis. Tapi lamun sabalikna jigana duka teh teuing. 
 
Baktos
JT
 
Mugia kang Toni teu teu bendu ka kuring he he he


--- On Mon, 6/23/08, Kamal Idris <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Kamal Idris <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [Urang Sunda] Fauzan menantang mubahalah Ahmadiyah dan pembel anya...
To: [email protected]
Date: Monday, June 23, 2008, 7:11 PM



tah ieu contona jelma di kurung ku batok....
eh moal mahi ketang manehmah, da bureuteu...
di kurung container, 
 
ngomong keun HBH mah teu menarik...
urusan HBH mah urusan panitia, uing mah tarima beres
progress report na laporkeun kadieu, 
meh pada nyaho geus nepi kamana persiapan nana
perkara uing deuk datang atawa moal... kumaha engke
da lebaran na ge lila keneh.. gitu aja kok repot
geus ah ulah nanyakeun HBH wae...
uing keur khusu nganbandungan anu parea-rea omong
 
 

----- Original Message ----- 
From: toni.sofian 
To: [email protected] 
Sent: Monday, June 23, 2008 6:15 PM
Subject: RE: [Urang Sunda] Fauzan menantang mubahalah Ahmadiyah dan pembel 
anya...





Cik atuh euy enggeus…!
Teu ngagugu keneh ka kuncen??
Teu ngagugu keneh kana aturan??
Kalah loba ngabela diri wae lah lamun geus di enggeuskeun the manggeus Atuh!!
Teu ngarti??? Basa ku MJ di Stop tea??
Ayeuna Kuncen Jay….mangkukna Kuncen Kumi….

Lamun erek ngabahas, saha nu masih ngabahas???
Nya sok we japrian kainyah 2,3,4,5,6 urang …..jeung saterusna..atawa pindahkeun 
we ka milis Agama..
Pan moal ngaganggu kabatur…..

Ieu Milis Sunda jeung Kasundaan (JELAS!!)
Lain milis AGAMA!!
Kuring ge miluan milis kaagamaan, milis perkantoran, pajak, IT jrrd,nya 
nianggalian postingan masing2 topik we teu pacampur jeung Kasundaan…
Cindekna mah nya aya tempatna masing2…
Tong maksakeun kahayang sorangan kabatur lah..!komo kanu mayoritas!
Ti taun 2001-an uing ngiluan milis ieu , da’ asa teu kieu2 teuing..kabeh ge 
beunang dicarek ku kuncen jeung baroga kaera..

Ari ditanya saran keur halal bi halal papda urang sunda sorangan mah malah 
caricing gening…
Salah asup atuh ari rek ngamasalahkeun agama didieu mah..lebet atuh ka milis 
nusanes, soal agama mangga dur-der na diditu….


-ts-





From: [EMAIL PROTECTED] ups.com [mailto: [EMAIL PROTECTED] ups.com ] On Behalf 
Of YADI supriadi wendy
Sent: Monday, June 23, 2008 5:41 PM
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Fauzan menantang mubahalah Ahmadiyah dan pembel 
anya...




Jay wrote: 


Ari soal pinter mah, tibaheula ge geus palinter.
lain ayeuna wungkul. 

soal postingan, batesanana.. teu kudu nanya ka kuncen,
apan tiap aya warga anyar ge geus dikiriman aturan ieu milis.
ku uing di kopikeun deui tah bisi poho deui :

Aturan Milis Komunitas Urang Sunda di Internet [KUSNet]

1. Para wargi nu nembe gabung, disuhunkeun kajembaranana, kersa
nepangkeun heula, make cara Urang Sunda. Saha, kawit timana, ayeuna di
mana, damel naon, jeung sajabana. Perluna ieu, sangkan pancakaki,
sugan bae panggih jeung dulur, sobat, jeung saterusna. nepangkeun
kedah jentre. supados teu disasaha. 

2.E-mail ka milis Komunitas Urangsunda di internet [KUSnet] kedah
ngangge basa Sunda. hukumna WAJIB. Sabisa-bisa. Nyerat naon bae asal
ku basa SUnda. Teu kudu make undak-usuk basa, cukup ku basa merenah
jeung loma.

3.Kaci basa nasional atanapi Inggris [forward berita, jrrd] upami
patali sareng Sunda sareng kasundaan. Oge kaci [sakali-kali tapi]
ngintun heureuy/jokes, seratan hikmah atawa pieunteungeun] ku basa
nasional atawa Inggris.

4.Ieu milis perkawis Sunda jeung Kasundaan. Jang mikareueus, malire,
jeung ngamumule Sunda jeung kasundaan, lain jang nanaon.

5.Teu kaci nulis nu jorok/porno/ jorang. 


dupi nu kasar? nyerat ku hurup kapital kalayan warna beureum..... ......??? 
????????? ?






6.Teu kaci ngagogoreng seler/etnik/ ras/bangsa sejen [bangsa Sunda mah
komo]. Dina ayana tulisan ngeunaan eta, jang diajar/peinteungeun .


rumasa sok posting ngeunaan pieunteungeun, contona soal nasib jendral zia ul 
haq - peringetan pikeun jalma-jalma nu mikir.






7.Teu kaci ngogogoreng agama jeung kapercayaan batur. komo agama nu
diagem mayoritas Urang Sunda [Islam]. 


kuring mah malahan ngabela ahmadiyah, kang jay, teu pisan-pisan ngagogoreng 
agama sorangan [islam] mah tetebiheun.






8.Hak Penerbitan posting ka milis KUSnet diaku ku Yayasan Perceka,
wadah di darat KUSnet. 

Baca sing teges nu nomer 7.
Baca 7 balikan mah.
mun can ngarti keneh, baca deui.
mun can ngarti keneh bae, nya maenya teu ngarti-ngarti ih ?

Cik, teu ngarti-na dina hal naon ?
sok nyarita ..

-Jay-

.


 


      

Kirim email ke