Kahatur ki kuncen anu aya di babakan,

ditengetan mingkin dieu teh babakan geningan sanes tiis, kalakah hayoh 
wae silih tempas silih jejeleh, ari masalah kayakina jeung prinsip 
hirup  nepi kamana wae oge pasti silih  pakeukeuh-keukeuh, sigana nepi 
ka silih paehan oge moal nepi ka sapamadegan, komo masalah anu sensitif 
mah, era atuh euy!!!!
Oge ka palawargi sadaya nyuhunkeun jembar manah, tong sok nyieun pucuk 
ti girang, oge ka wargi sanesna, pami aya postingan anu matak pipaseaeun 
tong di bales, antepkeun wae ngocoblak sorangan, da engke ge cape 
meureun, piraku taya kacape jeung kaera mah!! ka ki kuncen nyuhunkeun 
bantosan nana, bilih tea mah saha wae anu sok nyuein pucuk ti girang, 
atuh di mderate wae, kumaha upami kitu.....Ngerakeun pisan ih, lamun tea 
mah di moderate ku kuncen teh!! pami henteu sim kuring nyuhunkeun 
dikaluarkeun dina pajemuhan iyeu, dan milis mah lain didieu wungkul!!!

hatur nuhun,
baktos,


ikmal

Kirim email ke