Rampes mang,

Mangga diantos pisan seratan-seratanna.
Tangtosna Mamang seueur pisan pangalaman anu bisa dijadikun
pieunteungen keur budak ngora kawas kuring.

wasalam
-gusaeni-


Wednesday, June 25, 2008, 2:02:10 PM, you wrote:

>   
> Sampurasun.
>  Para wargi sadaya nu ku sim kuring dipikahormat. Unjuk uninga, wasta
>  pribados teh mang Ucup. Kawit ti Bandung nu kiwari ngumbara di nagri
>  Belanda, kirang langkung tos 40 tahun langkung. Alhamdulillah umur 
>  mah tos cueut ka hareup, 66 tahun. Pun bojo asal Semarang. Anak 
>  sinareng incu mah tos reuay. Isin nyebatkeunana.
>   
>  Taya sanes pamaksadan teh, sajabina bade silaturachmi, oge aya 
>  pamundut hoyong ngiring ulubiung, ngareuah-reuah dina kagiatan Milis 
>  Urang Sunda. Manawi bahan katampi. Pangemut pribados, mudah-mudahan 
>  teu lepat, Milis Urang Sunda teh mangrupikeun hiji wadah para 
>  intelektual Sunda nu reueus kagungan perhatosan kana budaya Sunda.
>   
>  Kukituna, pribados aya maksad bade ngintunkeun naskah ka Milis Sunda 
>  nganggo basa Sunda. Etang-etang diajar wae. Namung hapunten, 
>  malahmandar aya basa nu garihal, teu payus kana undak usukna. Sanaos 
>  ari cumarios sadidinten mah, sareng bojo miwah pun anak, berekah 
>  pribados teh sok nganggo basa Sunda. Sanaos bari rada amburadul oge.
>   
>  Hapunten anu kasuhun, kaluhur sausap rambut kahandap sausap dampal, 
>  malah mandar engke seseratan pribados kapayun, tangtos seueur 
>  kakirang sareng lepatna. Tetebiheun atuh kana sae sareng leres mah. 
>  Mugia ngamaklum bae.
>   
>  Rupina sakitu wae pamundut pribados. Papungkas catur, taya sanes 
>  hatur nuhunsarebu kali nuhun kana perhatosan sinareng panampianana 
>  para wargi sadaya di Milis Urang Sunda.
>   
>  Rampes,
>  Mang Ucup.
>  Nu teu weleh nineung kana kasundaan
>  Email: [EMAIL PROTECTED]
>  Homepage: www.mangucup.net
>  



Kirim email ke