punten tumaros, dupi mang ucup teh saha nami lengkepna? Yusuf Randy tea sanes? nu kapungkur gaduh LPIA, lembaga pendidikan Indonesia Amerika, kantos kawentar pisan. teras aya masalah sareng hukum, duka naon hilap deui.
On 6/25/08, mangucup88 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Sampurasun. > Para wargi sadaya nu ku sim kuring dipikahormat. Unjuk uninga, wasta > pribados teh mang Ucup. Kawit ti Bandung nu kiwari ngumbara di nagri > Belanda, kirang langkung tos 40 tahun langkung. Alhamdulillah umur > mah tos cueut ka hareup, 66 tahun. Pun bojo asal Semarang. Anak > sinareng incu mah tos reuay. Isin nyebatkeunana. > > Taya sanes pamaksadan teh, sajabina bade silaturachmi, oge aya > pamundut hoyong ngiring ulubiung, ngareuah-reuah dina kagiatan Milis > Urang Sunda. Manawi bahan katampi. Pangemut pribados, mudah-mudahan > teu lepat, Milis Urang Sunda teh mangrupikeun hiji wadah para > intelektual Sunda nu reueus kagungan perhatosan kana budaya Sunda. > > Kukituna, pribados aya maksad bade ngintunkeun naskah ka Milis Sunda > nganggo basa Sunda. Etang-etang diajar wae. Namung hapunten, > malahmandar aya basa nu garihal, teu payus kana undak usukna. Sanaos > ari cumarios sadidinten mah, sareng bojo miwah pun anak, berekah > pribados teh sok nganggo basa Sunda. Sanaos bari rada amburadul oge. > > Hapunten anu kasuhun, kaluhur sausap rambut kahandap sausap dampal, > malah mandar engke seseratan pribados kapayun, tangtos seueur > kakirang sareng lepatna. Tetebiheun atuh kana sae sareng leres mah. > Mugia ngamaklum bae. > > Rupina sakitu wae pamundut pribados. Papungkas catur, taya sanes > hatur nuhunsarebu kali nuhun kana perhatosan sinareng panampianana > para wargi sadaya di Milis Urang Sunda. > > Rampes, > Mang Ucup. > Nu teu weleh nineung kana kasundaan > Email: [EMAIL PROTECTED] <mang.ucup%40gmail.com> > Homepage: www.mangucup.net > > > -- geocities.com/mangjamal mangjamal.multiply.com

