Leres pisan:-)

--- In [email protected], "Yayan Mulyana" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> nepangkeun mang ucup kuring yayan, mun tu lepat mah mang ucup 
kungsi
> nganjang ka tempat dameul abdi baheua di virtual ka pa nukman jeung
> kang imam , punten bilih lepat
> --- In [email protected], "mangucup88" <mangucup88@> 
wrote:
> >
> > Sampurasun.
> > Para wargi sadaya nu ku sim kuring dipikahormat. Unjuk uninga, 
wasta
> > pribados teh mang Ucup. Kawit ti Bandung nu kiwari ngumbara di 
nagri
> > Belanda, kirang langkung tos 40 tahun langkung. Alhamdulillah 
umur 
> > mah tos cueut ka hareup, 66 tahun. Pun bojo asal Semarang. Anak 
> > sinareng incu mah tos reuay. Isin nyebatkeunana.
> >  
> > Taya sanes pamaksadan teh, sajabina bade silaturachmi, oge aya 
> > pamundut hoyong ngiring ulubiung, ngareuah-reuah dina kagiatan 
Milis 
> > Urang Sunda. Manawi bahan katampi. Pangemut pribados, mudah-
mudahan 
> > teu lepat, Milis Urang Sunda teh mangrupikeun hiji wadah para 
> > intelektual Sunda nu reueus kagungan perhatosan kana budaya 
Sunda.
> >  
> > Kukituna, pribados aya maksad bade ngintunkeun naskah ka Milis 
Sunda 
> > nganggo basa Sunda. Etang-etang diajar wae. Namung hapunten, 
> > malahmandar aya basa nu garihal, teu payus kana undak usukna. 
Sanaos 
> > ari cumarios sadidinten mah, sareng bojo miwah pun anak, berekah 
> > pribados teh sok nganggo basa Sunda. Sanaos bari rada amburadul 
oge.
> >  
> > Hapunten anu kasuhun, kaluhur sausap rambut kahandap sausap 
dampal, 
> > malah mandar engke seseratan pribados kapayun, tangtos seueur 
> > kakirang sareng lepatna. Tetebiheun atuh kana sae sareng leres 
mah. 
> > Mugia ngamaklum bae.
> >  
> > Rupina sakitu wae pamundut pribados. Papungkas catur, taya sanes 
> > hatur nuhunsarebu kali nuhun kana perhatosan sinareng 
panampianana 
> > para wargi sadaya di Milis Urang Sunda.
> >  
> > Rampes,
> > Mang Ucup.
> > Nu teu weleh nineung kana kasundaan
> > Email: mang.ucup@
> > Homepage: www.mangucup.net
> >
>


Kirim email ke