Kiwari mapia perjudian keur geunjleung lantaran rusiahna ka bongkar ku detéktip 
"Tihothat". Kabongkarna rusiah ieu lantaran basa maranéhna keur hulaw hallow 
dina hapé ku detéktip "Tihothat" disadap maké alat rékam anu disambungkeun  ka 
tihang tower  oprator sélulér. Dina éta rékaman kanyahoan yén Acin Sirintilwati 
keur ngomong jeung kolégana perkara duit 6M anu ceuk pangakuanana hasil tina 
ical galeuh "peuyeum". Ceuk pakar tetelematikaan nu katelah Roy-royan, bukti 
rékaman éta bener bener asli, maksudna asli wadulna. Ka ayeunakeun wajah Acin 
Sirintilwati remen ngelemeng dina beungeut tipi lantaran ngilu kontés adu bakat 
"suap aidol" anu tiap tayanganana paling dianti anti ku para panongton. Asa 
manglebarkeun, lantaran Acin Sirintilwati téh geuning bahénol nérkom, modis, 
malah cenah sok nolak diwawancara lamun saméméhna teu ngeunteung atawa indit 
heula ka salon. Méh teu panasaran, ieu geura obrolan Acin Sirintilawati jeung 
kolégana meunang nyadap tim ditéktip "Tihothat" téa.

 

"Halow.halow!"

"Huluw..halow..huluw hallow..saha ieu?"

"Ih si Abang mah sok kitu, ma enya teu apal pan abdi téh Acin Sirintilwati téa!"

"Saha.saha? Sorana kurang jelas kekeresekan!"

"Ké atuh wang pindah heula! Kumaha ayeuna?"

"Tah ayeuna mah jelas.nya pindah kamana?"

"Ka susuhunan imah!"

"Paingan atuh béngras.ké saha téa ieu téh?"

"Abdi, Acin!"

"Oh.aya naon kitu tara-tara sisasari?"

"Itu Joker!"

"Naon, sorana luplep deui?"

"Joker!"

"Joker?lain Joker atuh ayeuna mah keur nyekel balak genep, sakeudeung deui 
ngahimbar!"

"Ih dasar  tukang gapléh, itu Bang anggota urang ka gép!"

"Ka gép ku saha?"

"Ku detéktip tihothat!"

"Tenang.tenang.bisa diatur.ayeuna mah aluk bantuan mikir Jerman jeung Spanyol 
skorna sabaraha?"

"Ih dasar gélo méngbal.ieu yeuh abdi paur ka gép ogé!"

"Tenang.tenang.bisa diatur nu penting komisina!"

"Tenang..tenang kumaha! Obrolan urang basa keur bisnis "peuyeum fiktif" geus 
dijarieun ring tone!"

"Kutang éh kutan! Saingan Cinta Laura atuh urang téh nya. Halah ieuh dada jadi 
eungap jajantung ngageter.hah hah..hah!"

"Halow.hallow.hallow Abang! Sora naon anu ngagebut? Boa Siabang kapiuhan! 
Buru-buru ah kasalon bisi aya nu ngawawancara!"

Kirim email ke