>>> "CLAIM-IAPSMG" <[EMAIL PROTECTED]> 06/26/08 01:16PM >>>

CEUK KURING

Kangaranan manusa, kahayang jeung pamadegan bisa di ibaratkeun uyah dina sambel 
tarasi. Jigana lamun manusa teu boga kahayang jeung pamadegan tangtu meureun 
manusa teh moal maju alias statis tea. Timimiti diciptakeun, manusa geus boga 
dua sifat ieu. Bisa dititenan dina sajarah kahirupan phitecantropus jeung jenis 
manusa prasejarah liana. Paninggalan artefak nu dina zaman prasejarah 
digunakeun pikeun ngabantu manehanana dina raraga nyumponan kabutuh boh kabutuh 
beuteung, jeung kabutuhan kena padumukan bisa dijadikeun salahsahiji bukti yen 
kahayang (nyumponan kabutuhan) geus aya dina zaman eta. Timimiti dijeieun 
alat-alat anu sederhana terus nincak kanu leuwih modern tepi ka ayeuna anu 
sabagian jelema sok nyebut zaman post modern, eta teh boga hiji tujuan anu 
nyata nyaeta pikeun ngabantu supaya kahayangna bisa ngawujud. Tapi babaturan 
Kuring anu keur ngambah elmu antropologi budaya di nagri Mahatir Muhammad, boga 
patanyaan, (1) "heula mana antara kahayang jeung tuntutan?" 

Jang Dede, abdi mah sanes ahli antropologi budaya. Di milis ieu teh seueur 
pisan jalmi palinter, boh dosenna boh nu ararahlina, janten  punten we pami 
jawaban abdi sakacumplang campleng nganggo jurus sakahayang, sakanyaho, 
sakabisa bin ngarang tea heuheu*

(1) Cik make basa loma, da bongan pertanyaanana ge kitu. Urang contoan tina 
dahar we nya*.
Timimiti urang gubrag ka alam dunya mangrupa orok tea, urang teh sok ceurik 
hayang dahar, lain? Tah, si orok teh dina enggoning tumuwuh kudu we nyusu, 
hartina indungna ge kudu mere cisusu. Cisusu eta timana? Indungna dikudukeun 
(tungtutan) loba dahar sabangsaning hehejoan alias sayur tea pleus kadaharan nu 
aya gijian. Mun misalna indungna euweuh cisusuan, nya kudu ngayakeun susu 
formula. Kudu dibeuli make duit. Hartina kolotna kudu boga gawe. Gawe naon bae 
nu penting mah halal. Dina migawe hiji pagawean ge pasti ngagunakeun alat2 
meureun* 
Ari nyieun susu formula ge pan kudu aya pabrikna timimiti diperes susuna tina 
sapi, nepi ka diasupkeun kana kalengna, tuluy dijual ka masarakat* tah, keur 
nyumponan ngayakeun susu dikudukeun mikir manusa teh (tungtutan)*Tuluy kadituna 
manjang, jeung silih kait antara hiji masalah jeung masalah lianna. 

Jadi kacindekanana, ceuk uing nu bodo mah, antara kahayang jeung tungtutan, 
heula keneh kahayang.


Salian kahayang, manusa boga sifat "pamadegan", tah kusabab manusa teh boga 
sifat pamadegan, nya atuh kahirupan teh jadi harmonis jeung dinamis. Coba 
titenan lamun heug manusa teu boga pamadegan atawa pamadegan tiap sirah sarua, 
tangtu moal aya demokrasi, moal aya PARTAI, moal ayan PILKADAL, moal aya FPI, 
moal aya AAKBB, moal aya teori evolusi jeung pasti moal aya KUSNET. Sabab mun 
urang sunda teu boga pamadegan jeung atawa pamadegana sarua pasti moal aya anu 
leneng ngabandungan milist (Roro Rohmah ).  Tapi sangkan eta sifat pamadegan nu 
dibogaan ku manusa teh jadi salahsahiji modal pikeun ngarojong ningkatkeun 
kamajuan kahirupan manusia, tangtu kudu dikokolakeun. Ulah nepika pamadegan 
etateh jadi bumerang pikeun manusa. Kusabab kitu cenah ceuk ahli Sosilogi hukum 
mah pamadegan teh kudu dibarengan ku niat pikeun ngahontal cita-cita jalma rea. 
Mereun CEUK KURINGMAH kalimat anu bieu teh ngajadikeun manusa nyieun 
partai/ormas/LSM jrrd. (2) Heueuh kitu?

Sok atuh malairan, tibatan lungleng ngabandungan soal FPI jeung 
Korupsi!....................

jangdede

(2) Heueuh bener, da mun sarua kabeh pamadeganana lain ge manusa tapi robot. 
Sapuk, uing ge lieur ngabandungan padungdengan nu matak rieut kana sirah, jadi 
ningan mairan nu lian we, nu sakirana kahontal ku akal... syukur-syukur 
pikaseurieun, da geus jangar mikiran pagawean ge... ari ieu kudu mikiran 
sabangsaning FPI jeung Korupsi pan geus puguh aya bagianana, jeung digarajih 
deuih?... heuheu...

Tah, kitu Jang Dede, hapunten pami jawabanana kirang cop kana manah salira.
Mangga, ka baraya nu sanesna bilih bade nambihan *

salam,
ro2.

Kirim email ke