sigana mah lain sabab sumber caina teuing, da nu utama mah parabna. Lauk
kota mah sigana hasil budidaya model di Cirata. Laukna diparab pelet, kacida
hanyirna... Jaba sok dibere suplemen deuih... heuheuh... gila.... tapi
ngeunah siah mun meuleum jaer di balong ngapung model kitu... komo mun keur
hujan angin... asa di sagara ampul2an...

On Fri, Jun 27, 2008 at 11:17 AM, Roro Rohmah wrote:

>    Nu aneh mah rasa lauk cai di kota sareng di kampung teh benten. Duka
> kunaon nya? Nu karaos ku abdi mah lauk cai kota mah asa "giung"… jiganamah
> tina parab atanapi cai nu tos hideung ku polusi nu ngabalukarkeun lauk cai
> jadi marabok bin lalinglung? Contona we lauk cai nu dipiara di Waduk Cirata…
> yay…wartosna caina tos teu puguh rua, sumber caina ti Citarum tea…nu hideung
> bin bau…
>

Kirim email ke