Haaarrr* ari Kang Trias, pan tos disebatkeun abdi mah teu sedep Lele. Baroraah 
terang dugi kaumur  sabaraha ?* Muhun, sok mendakan jalmi jiga Kang Trias, teu 
tegaan, komo kanu ingon-ingonna mah. Nya diingu we atuh Kang, sadugina. Ari tos 
waktosna paeh mah dikumahakeun deui? Anggur mah dipegarkeun, meh anakan*Carana? 
Nyaeta, duka*.heheh.

Abdi ge terang Cat Fish teh ti Pa Misan, baraya Kusnet nu kantos linggih di 
Tennessee tea. Leres saur Bah Iwa, Lele teh lauk favorit di Amrik. Pa Misan 
babagi elmu Basa Inggris ka abdi. Basa teu aca terang mah, sugan Cat Fish teh 
hiji tipe komputer kaluaran Hewlett Packard nu aya di showroom pakulian abdi, 
sihoreng Lele*hahah. 

Bah Iwa, ke wang cobian ateuh diresep-resep ngaemam Cat Fish, boa teuing tiasa 
dijadikeun jalan ka Amrik* ke tos kaditu mah gampil, abdi bade muka prencais 
Pecel Lele di Lousiana & Oklahoma*.heuheu.

ro2



>>> [EMAIL PROTECTED] 06/27/08 02:37PM >>>

Teu nyangka, teh Roro jembar elmu pangaweruh soal lauk. Cik abdi bade tumaros 
teh. Ari lele umurna bisa nepi ka sabaraha taun? Nyeta abdi miara lele di 
balong leutik di tengah imah, tos opat taun langkung masih hirup keneh. 
Sabenerna mah keur ngamimitian abdi meser anak lele 20 siki, ngan nungtutan 
paraeh, ayeuna tinggal 4 siki, geus kacoo pisan.  
karunya na teh eta ari geus paeh, asa watir, ngambang dina cai. Atuh da niat na 
ge miara lele lain keur gorengeun. Cenah ceuk batur tibatan kaburu paeh mending 
digoreng, teu... teu tega abdi mah, ku ningalina ge ieu mah asa beda, lain lele 
nu sapertos dipasar, bener bener miara sato piaraan, lele gagah, badag, gede, 
panjangna kira kira 40 cm, asa ningali ucing, paingan atuh dingaranan catfish.
kang Trias.

Kirim email ke