Lalakon kang Epi Taufik, dosen peternakan ipb keur sakola deui di jerman. Pendak sareng kang Tris Santosa, kuncen #8 kusnet jeung Pa Dadeng cenah...
--- Kang Trias kantos dianjangan ku si kuring, teu raos anjeuna nelpon, mung nya kitu waktu na teu laluasa, janten kaleresan aya oge keluarga indonesia nu sanes nu langkung tipayun wawuh, janten pas ka Hamburg teh dianteur ku keluarga eta nu kaleresan oge wawuh sareng juragan Trias. Janten dugi ka "wohnung"/apartemen na teh rada sonten, raos tapi da wohnung na sisi walungan Elbe tea, caket ka pabrik Airbus. Kamari teh angkat haji sareng istrina. Eta mah pas dugi ka wohnung na puguh we wareg aya pais lauk, gado-gado, karedok, kurupuk, sayur asem, siomay wah lengkap we, apaleun meureun nu rek datang teh jalma badag, beuratna ge leuwih ti 100 kg hahahahah. Bener2 asa di lembur. urang sunda di Eropa ge seueur, contona kuring, naek taksi di Berlin, kan baby benz taksina ge geuning diditu mah, ari clek teh pas pisan meunang supir taksina Pa Dadeng urang Pagentongan Bogor, atuh we derrrrr ngobrol kaditu kadieu nepi ka Pa Dadeng teu jadi naksi malah ngajak jalan2 heuheueueu, da teu apal jalan geu pan dina taksina aya gepees alias GPS tea.

