Waas mun di Jerman keur pilek eta US teh...nyarios "Ich bin ngagejlog
gereuhakkeun".......
On 7/23/08, Abdul Qodir Jaelani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Wah, enya nya pami papendak jeung nu sadaerah mah komo sasampeyan
> ('aos:suku) mah sok asa sono teh pas di nagari batur mah. Jadi waas kang.
> Emang aya nya supir taksi orang Bogor?
>
>
> ----- Original Message ----
> From: mj <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Tuesday, July 22, 2008 2:07:26 PM
> Subject: [Urang Sunda] aya US supir taksi di Berlin
>
> Lalakon kang Epi Taufik, dosen peternakan ipb keur sakola deui di
> jerman. Pendak sareng kang Tris Santosa, kuncen #8 kusnet jeung Pa Dadeng
> cenah...
>
> ---
>
>
>
> Kang Trias kantos dianjangan ku si kuring, teu raos anjeuna nelpon, mung
> nya kitu waktu na teu laluasa, janten kaleresan aya oge keluarga indonesia
> nu sanes nu langkung tipayun wawuh, janten pas ka Hamburg teh dianteur ku
> keluarga eta nu kaleresan oge wawuh sareng juragan Trias. Janten dugi ka
> "wohnung"/apartemen na teh rada sonten, raos tapi da wohnung na sisi
> walungan Elbe tea, caket ka pabrik Airbus. Kamari teh angkat haji sareng
> istrina. Eta mah pas dugi ka wohnung na puguh we wareg aya pais lauk,
> gado-gado, karedok, kurupuk, sayur asem, siomay wah lengkap we, apaleun
> meureun nu rek datang teh jalma badag, beuratna ge leuwih ti 100 kg
> hahahahah. Bener2 asa di lembur.
>
> urang sunda di Eropa ge seueur, contona kuring, naek taksi di Berlin, kan
> baby benz taksina ge geuning diditu mah, ari clek teh pas pisan meunang
> supir taksina Pa Dadeng urang Pagentongan Bogor, atuh we derrrrr ngobrol
> kaditu kadieu nepi ka Pa Dadeng teu jadi naksi malah ngajak jalan2
> heuheueueu, da teu apal jalan geu pan dina taksina aya gepees alias GPS tea.
>
>
>
>
>