Wah, enya nya pami papendak jeung nu sadaerah mah komo sasampeyan ('aos:suku) 
mah sok asa sono teh pas di nagari batur mah. Jadi waas kang. Emang aya nya 
supir taksi orang Bogor? 



----- Original Message ----
From: mj <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, July 22, 2008 2:07:26 PM
Subject: [Urang Sunda] aya US supir taksi di Berlin


Lalakon
kang Epi Taufik, dosen peternakan ipb keur sakola deui di jerman. Pendak sareng
kang Tris Santosa, kuncen #8 kusnet jeung Pa Dadeng cenah...
---
 
Kang
Trias kantos dianjangan ku si kuring, teu raos anjeuna nelpon, mung nya kitu
waktu na teu laluasa, janten kaleresan aya oge keluarga indonesia nu sanes nu
langkung tipayun wawuh, janten pas ka Hamburg teh dianteur ku keluarga eta nu 
kaleresan
oge wawuh sareng juragan Trias. Janten dugi ka "wohnung"/apartemen na
teh rada sonten, raos tapi da wohnung na sisi walungan Elbe 
tea, caket ka pabrik Airbus. Kamari teh angkat haji sareng istrina. Eta mah pas
dugi ka wohnung na puguh we wareg aya pais lauk, gado-gado, karedok, kurupuk,
sayur asem, siomay wah lengkap we, apaleun meureun nu rek datang teh jalma
badag, beuratna ge leuwih ti 100 kg hahahahah. Bener2 asa di lembur.
urang
sunda di Eropa ge seueur, contona kuring, naek taksi di Berlin, kan baby benz
taksina ge geuning diditu mah, ari clek teh pas pisan meunang supir taksina Pa
Dadeng urang Pagentongan Bogor, atuh we derrrrr ngobrol kaditu kadieu nepi ka
Pa Dadeng teu jadi naksi malah ngajak jalan2 heuheueueu, da teu apal jalan geu
pan dina taksina aya gepees alias GPS tea.
     


      

Kirim email ke