Aya bentenna..antawis Belegug..sareng Teu Gaduh Artos kanggo ngurus Nagara...Kumaha efisiensi Krakatau Steel ? Cobi tingali dina laporan kauanganna........
On 8/8/08, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > dina jejer Kujang kamari-kamari, asa kaleungitan kujang nu jadi merek > Semen. nu pabrikna di cibinong bogor. ieu aya bejana ti milis alumni sman > 1 ciamis ([EMAIL PROTECTED] <smun1_ciamis%40yahoogroups.com>). > ayeuna jadi Holcim tea.... > > --------- > Semen Kujang & Semen Cibinong (3 Roda) > > Ayi, upami Semen Kujang mah benten sareng Semen 3 Roda. Semen 3 Roda mah > produk ti PT. Indocement Tunggal Prakarsa (kaleresan sim kuring + istri > didamel di tempat ieu antawis taun 1992-1999, dupi Istri sim kuring mah > masih damel didieu dugi ka ayeuna). Perkawis lokasi pabrik dua pabrik > semen ieu memang teu patos tebih, masih di kab. Bogor). > > Mung nu janten lebar teh dua-dua na pabrik ieu teh tos di lego ka urang > luar negeri : > Semen Kujang di galeuh ku Holcim (Swiss). > PT. Indocement Semen di galeuh ku Heidelberg Cement Group (Jerman). > > Asal muasal dua pabrik ieu dilego ka batur teh sakaterang sim kuring mah > alatan tina imbas krisis ekonomi taun 1997/98. Utamina mah kulantaran para > pemegang saham mayoritas ieu teh kajerat hutang BLBI. > - Hasyim (Group Tirtamas) - kajerat hutang BLBI dina Bank Industri > - Sudono Salim-Indocement - kajerat hutang BLBI dina Bank Central Asia > Akhirna saham-2 na dijual ka pamarentah singosari (nambut istilah kang > yudi), kanggo nutup hutang eta. Tah palebah dieu 'blunder' pamarentah > singosari, kualatan butuh 'fulus' oge kanggo nambalan biaya ngurus nagara, > di lego deui ka investor luar nagri. Akhirna mah 2 pabrik semen panggedena > sa singosari teh jadi milik batur. > > Ari ditilik tina teknologi produksi, manajemen, sareng pemasaran mah > kawasna > sakaterang sim kuring mah tos dicepeng ku 100% bangsa urang. Ngan kualatan > gentos pemegang saham tea, mangkana aya sababaraha pos-2 penting anu > dicepeng ku urang bule. Janten nu belegug mah mun ceuk kuring nu awam, > pamarentah (Kementrian BUMN) we! Buktosna we cobi tingali dina kasus > rencana penjualan Krakatau Steell ka Mital..!! > Kawasna bangsa urang mah kahareup ngan saukur jadi kuli di nagri sorangan. > > Cag. > > Hendy Herdiman > Fisika,88-91 > > mj > > http://geocities.com/mangjamal > http://mangjamal.multiply.com > > >

