boa teuing saenggesna BUMN beak, pamarentah ke oge ngajual nagara...sugan


----- Original Message ----
From: "Reka "Bohay"" <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Friday, August 8, 2008 4:10:54 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] semen kujang kamana?



enya oge, sok naros naha seueur BUMN anu di lego?
tapina geuningan, saatos di lego, manajemenna diambil alih ku asing malah 
performancena jadi hade.
salah sahiji contona mah Indosat weh. Tanya Kenapa???
tapi urusan ngalego perusahaan lain wae BUMN, tapina oge private sector. seueur 
bank anu dipeser ku asing, contona bank Niaga ku CIMB group, teras oge bank 
Buana ku UOB. tah, performancena jadi harade da. naha kitu urang urang teu 
mampu? padahal mah da jelema di jerona masih keneh jelema nu bareto keneh. naha 
emang teu warani kitu nyieun breakthrough? ??
duka ah...

-Bohay-


2008/8/8 mj <[EMAIL PROTECTED] ac.id>

dina jejer Kujang kamari-kamari, asa kaleungitan kujang nu jadi merek
Semen. nu pabrikna di cibinong bogor. ieu aya bejana ti milis alumni sman
1 ciamis (smun1_ciamis@ yahoogroups. com). ayeuna jadi Holcim tea....

---------
Semen Kujang & Semen Cibinong (3 Roda)

Ayi, upami Semen Kujang mah benten sareng Semen 3 Roda. Semen 3 Roda mah
produk ti PT. Indocement Tunggal Prakarsa (kaleresan sim kuring + istri
didamel di tempat ieu antawis taun 1992-1999, dupi Istri sim kuring mah
masih damel didieu dugi ka ayeuna). Perkawis lokasi pabrik dua pabrik
semen ieu memang teu patos tebih, masih di kab. Bogor).

Mung nu janten lebar teh dua-dua na pabrik ieu teh tos di lego ka urang
luar negeri :
Semen Kujang di galeuh ku Holcim (Swiss).
PT. Indocement Semen di galeuh ku Heidelberg Cement Group (Jerman).

Asal muasal dua pabrik ieu dilego ka batur teh sakaterang sim kuring mah
alatan tina imbas krisis ekonomi taun 1997/98. Utamina mah kulantaran para
pemegang saham mayoritas ieu teh kajerat hutang BLBI.
- Hasyim (Group Tirtamas) - kajerat hutang BLBI dina Bank Industri
- Sudono Salim-Indocement - kajerat hutang BLBI dina Bank Central Asia
Akhirna saham-2 na dijual ka pamarentah singosari (nambut istilah kang
yudi), kanggo nutup hutang eta. Tah palebah dieu 'blunder' pamarentah
singosari, kualatan butuh 'fulus' oge kanggo nambalan biaya ngurus nagara,
di lego deui ka investor luar nagri. Akhirna mah 2 pabrik semen panggedena
sa singosari teh jadi milik batur.

Ari ditilik tina teknologi produksi, manajemen, sareng pemasaran mah kawasna
sakaterang sim kuring mah tos dicepeng ku 100% bangsa urang. Ngan kualatan
gentos pemegang saham tea, mangkana aya sababaraha pos-2 penting anu
dicepeng ku urang bule. Janten nu belegug mah mun ceuk kuring nu awam,
pamarentah (Kementrian BUMN) we! Buktosna we cobi tingali dina kasus
rencana penjualan Krakatau Steell ka Mital..!!
Kawasna bangsa urang mah kahareup ngan saukur jadi kuli di nagri sorangan.

Cag.

Hendy Herdiman
Fisika,88-91

mj

http://geocities. com/mangjamal
http://mangjamal. multiply. com


 


      

Kirim email ke