Sanes kang..seuseurna eta Working capital na kirang...cobi tingal Neracana....Kumargi kirang Wc na, janten investasi oge kiang marketing funds kirang..insentip padamel kirang..produktifitas nurun,..jrrd...
On 8/8/08, Reka Bohay <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > enya oge, sok naros naha seueur BUMN anu di lego? > tapina geuningan, saatos di lego, manajemenna diambil alih ku asing malah > performancena jadi hade. > salah sahiji contona mah Indosat weh. Tanya Kenapa??? > tapi urusan ngalego perusahaan lain wae BUMN, tapina oge private sector. > seueur bank anu dipeser ku asing, contona bank Niaga ku CIMB group, teras > oge bank Buana ku UOB. tah, performancena jadi harade da. naha kitu urang > urang teu mampu? padahal mah da jelema di jerona masih keneh jelema nu > bareto keneh. naha emang teu warani kitu nyieun breakthrough??? > duka ah... > > -Bohay- > > 2008/8/8 mj <[EMAIL PROTECTED]> > >> dina jejer Kujang kamari-kamari, asa kaleungitan kujang nu jadi merek >> Semen. nu pabrikna di cibinong bogor. ieu aya bejana ti milis alumni sman >> 1 ciamis ([EMAIL PROTECTED] <smun1_ciamis%40yahoogroups.com>). >> ayeuna jadi Holcim tea.... >> >> --------- >> Semen Kujang & Semen Cibinong (3 Roda) >> >> Ayi, upami Semen Kujang mah benten sareng Semen 3 Roda. Semen 3 Roda mah >> produk ti PT. Indocement Tunggal Prakarsa (kaleresan sim kuring + istri >> didamel di tempat ieu antawis taun 1992-1999, dupi Istri sim kuring mah >> masih damel didieu dugi ka ayeuna). Perkawis lokasi pabrik dua pabrik >> semen ieu memang teu patos tebih, masih di kab. Bogor). >> >> Mung nu janten lebar teh dua-dua na pabrik ieu teh tos di lego ka urang >> luar negeri : >> Semen Kujang di galeuh ku Holcim (Swiss). >> PT. Indocement Semen di galeuh ku Heidelberg Cement Group (Jerman). >> >> Asal muasal dua pabrik ieu dilego ka batur teh sakaterang sim kuring mah >> alatan tina imbas krisis ekonomi taun 1997/98. Utamina mah kulantaran para >> pemegang saham mayoritas ieu teh kajerat hutang BLBI. >> - Hasyim (Group Tirtamas) - kajerat hutang BLBI dina Bank Industri >> - Sudono Salim-Indocement - kajerat hutang BLBI dina Bank Central Asia >> Akhirna saham-2 na dijual ka pamarentah singosari (nambut istilah kang >> yudi), kanggo nutup hutang eta. Tah palebah dieu 'blunder' pamarentah >> singosari, kualatan butuh 'fulus' oge kanggo nambalan biaya ngurus nagara, >> di lego deui ka investor luar nagri. Akhirna mah 2 pabrik semen panggedena >> sa singosari teh jadi milik batur. >> >> Ari ditilik tina teknologi produksi, manajemen, sareng pemasaran mah >> kawasna >> sakaterang sim kuring mah tos dicepeng ku 100% bangsa urang. Ngan kualatan >> gentos pemegang saham tea, mangkana aya sababaraha pos-2 penting anu >> dicepeng ku urang bule. Janten nu belegug mah mun ceuk kuring nu awam, >> pamarentah (Kementrian BUMN) we! Buktosna we cobi tingali dina kasus >> rencana penjualan Krakatau Steell ka Mital..!! >> Kawasna bangsa urang mah kahareup ngan saukur jadi kuli di nagri sorangan. >> >> Cag. >> >> Hendy Herdiman >> Fisika,88-91 >> >> mj >> >> http://geocities.com/mangjamal >> http://mangjamal.multiply.com >> >> > > > >

