From: "Panzi" <[EMAIL PROTECTED]>
> abi mah de nagih hiji we lahhh...!!
> cenah mun kapilih deui, stadion anu di gedebage,
> "PASTI" bakal diwangun...!! :D

Tah eta salah sahiji alesan Dada meunang, Stadion jeung Persib ..hehehe. Di 
Bandung loba nu panatik ka Persib, Dada ngamanfaatkeun ieu, ari sainganana 
mah teu bisa ngamanfaatkeun  hal  ieu.  Kampanye (iklan) dina TV oge, iklan 
Dada paling narik, manehna make si Cepot nu dimaenkeun Dalang Asep. Lolobana 
urang Bandung, urang Sunda, si Cepot salah sahiji "icon"na.  Kampanye anu 
tepat. Sainganana malah dina TV ditempokeun keur kumpul2 jeung komunitas 
urang Minang. Wah cilaka nyieun "blunder" ieu mah, sanajan Pak Taufikrahman 
ngaku dina media anjeunna Sunda Asli, tapi nonjolkuen diri kumpul2 jeung 
komunitas pendatang, bisa ditinggalkeun kunu milih  ti etnik Sunda.

Pa Dada oge pinter babagi, rek Pilkada jalan ngadadak jadi laleucir, siga ka 
tempat perumahan kuring. Ngan teu lucuna teh ari ka tempat kuring mah 
diaspal "plastik" (diulas saeutik) ari perumahan tatangga di hotmix, jadi 
weh di TPS Perumahan kuring mah nu meunang teh Trendi. Tapi umumna di 
perumahan2 nu meunang teh Trendi. Ieu beda jeung nu diluar perumahan, Dada 
populer pisan. Bisa disebutkeun Dada jauh leuwih populer di jalma-jalma 
leutik .....

Pantesna ketang, ngan hiji pelajaran keur kanu hayang ancrub kana politik: 
Pinter (terdidik) jeung boga moral luhur, acan tangtu dipilih balarea jadi 
pamimpin ...... kudu aya usaha supaya dikenal jeung populer di "akar 
rumput".

Baktos,
WALUYA


Kirim email ke