gawena mah ngke atuh mun geus dilantik...!! ceuk kang dada bari neke kang
bohay :D

-nzi-


> kuring satuju bah...
> dina Pilkada mah Popularitas leuwih gede pangaruhna, nya salian ti Pilkada
> Kota Bandung, Pilkada Jabar oge bisa dijadikeun salah sahiji ukuran yen
> popularitas leuwih pangaruh tibatan kualitas jeung mesin partai.
> coba weh, amun kamari calon Independenna tokoh terkenal, misalkeun Acil
> Bimbo, pasti weh mere "perlawanan" dina pilkada ieu, sanajan independen
> mah
> teu boga mesin partai di grassroot.
>
> Balik deui ka Kang Dada, enya anjeunna paling meunang dina urusan
> popularitas mah. emang sababaraha kali Trendi teh ngalakukeun "Blunder",
> salian anu disebutkeun ku abah, aya hiji deui "Blunder" ngeunaan Persib,
> anjeunna statement (anu ceuk kuring mah teu salah2 teuing) ngeunaan
> Persib,
> jadi weh manehna ditinggalkeun ku Bobotoh.
> Persib boga peranan penting, Persib salah sahiji elemen anu teu leutik di
> Jabar utamana Bandung, matakna kamari gubernur anyar ngabelaan make baju
> Persib jeung nongton Persib maen, ngarah meunang simpati ti warga Jabar.
>
> Nya pokona mah Wilujeng kanu kenging Pilkada, anjeun boga PR loba, anu
> geus
> anjeung jangjikeun dina Kampanye. ayeuna mah urang salaku warga Bandung,
> boh
> anu kamari milih Dada, Trendi atawa Hadi, urang ayeuna mah dina hiji
> Bandera
> deui, hiji Bandera Bandung. ayeuna mah urang rojong ku do'a, mudah2an
> Walikota anu kapilih tiasa ngarealisasikeun jangji2na. pan mun janjina ka
> realisasi, urang oge salaku warga Bandung anu bungah tur ngeunah kan???
> oge
> ulah poho ka kabeh elemen, utamina anggota DPRD Kota Bandung keur
> ngajalankeun fungsi Kontrol, ngarah Walikota jeung kabeh elemen
> pamarentahanna aya dina jaan anu bener. ngarah tong nepikeun aya aparat ti
> Bandung anu ditewak ku KPK.
>
> sok ah, geura gawe kang...
>
> -Bohay-
>
>
> 2008/8/12 Waluya <[EMAIL PROTECTED]>
>
>>   From: "Panzi" <[EMAIL PROTECTED] <kenami%40ipms.co.id>>
>>
>> > abi mah de nagih hiji we lahhh...!!
>> > cenah mun kapilih deui, stadion anu di gedebage,
>> > "PASTI" bakal diwangun...!! :D
>>
>> Tah eta salah sahiji alesan Dada meunang, Stadion jeung Persib ..hehehe.
>> Di
>>
>> Bandung loba nu panatik ka Persib, Dada ngamanfaatkeun ieu, ari
>> sainganana
>> mah teu bisa ngamanfaatkeun hal ieu. Kampanye (iklan) dina TV oge, iklan
>> Dada paling narik, manehna make si Cepot nu dimaenkeun Dalang Asep.
>> Lolobana
>> urang Bandung, urang Sunda, si Cepot salah sahiji "icon"na. Kampanye anu
>> tepat. Sainganana malah dina TV ditempokeun keur kumpul2 jeung komunitas
>> urang Minang. Wah cilaka nyieun "blunder" ieu mah, sanajan Pak
>> Taufikrahman
>>
>> ngaku dina media anjeunna Sunda Asli, tapi nonjolkuen diri kumpul2 jeung
>> komunitas pendatang, bisa ditinggalkeun kunu milih ti etnik Sunda.
>>
>> Pa Dada oge pinter babagi, rek Pilkada jalan ngadadak jadi laleucir,
>> siga
>> ka
>> tempat perumahan kuring. Ngan teu lucuna teh ari ka tempat kuring mah
>> diaspal "plastik" (diulas saeutik) ari perumahan tatangga di hotmix,
>> jadi
>> weh di TPS Perumahan kuring mah nu meunang teh Trendi. Tapi umumna di
>> perumahan2 nu meunang teh Trendi. Ieu beda jeung nu diluar perumahan,
>> Dada
>> populer pisan. Bisa disebutkeun Dada jauh leuwih populer di jalma-jalma
>> leutik .....
>>
>> Pantesna ketang, ngan hiji pelajaran keur kanu hayang ancrub kana
>> politik:
>> Pinter (terdidik) jeung boga moral luhur, acan tangtu dipilih balarea
>> jadi
>> pamimpin ...... kudu aya usaha supaya dikenal jeung populer di "akar
>> rumput".
>>
>> Baktos,
>> WALUYA

Kirim email ke