kuring satuju bah...
dina Pilkada mah Popularitas leuwih gede pangaruhna, nya salian ti Pilkada
Kota Bandung, Pilkada Jabar oge bisa dijadikeun salah sahiji ukuran yen
popularitas leuwih pangaruh tibatan kualitas jeung mesin partai.
coba weh, amun kamari calon Independenna tokoh terkenal, misalkeun Acil
Bimbo, pasti weh mere "perlawanan" dina pilkada ieu, sanajan independen mah
teu boga mesin partai di grassroot.

Balik deui ka Kang Dada, enya anjeunna paling meunang dina urusan
popularitas mah. emang sababaraha kali Trendi teh ngalakukeun "Blunder",
salian anu disebutkeun ku abah, aya hiji deui "Blunder" ngeunaan Persib,
anjeunna statement (anu ceuk kuring mah teu salah2 teuing) ngeunaan Persib,
jadi weh manehna ditinggalkeun ku Bobotoh.
Persib boga peranan penting, Persib salah sahiji elemen anu teu leutik di
Jabar utamana Bandung, matakna kamari gubernur anyar ngabelaan make baju
Persib jeung nongton Persib maen, ngarah meunang simpati ti warga Jabar.

Nya pokona mah Wilujeng kanu kenging Pilkada, anjeun boga PR loba, anu geus
anjeung jangjikeun dina Kampanye. ayeuna mah urang salaku warga Bandung, boh
anu kamari milih Dada, Trendi atawa Hadi, urang ayeuna mah dina hiji Bandera
deui, hiji Bandera Bandung. ayeuna mah urang rojong ku do'a, mudah2an
Walikota anu kapilih tiasa ngarealisasikeun jangji2na. pan mun janjina ka
realisasi, urang oge salaku warga Bandung anu bungah tur ngeunah kan??? oge
ulah poho ka kabeh elemen, utamina anggota DPRD Kota Bandung keur
ngajalankeun fungsi Kontrol, ngarah Walikota jeung kabeh elemen
pamarentahanna aya dina jaan anu bener. ngarah tong nepikeun aya aparat ti
Bandung anu ditewak ku KPK.

sok ah, geura gawe kang...

-Bohay-


2008/8/12 Waluya <[EMAIL PROTECTED]>

>   From: "Panzi" <[EMAIL PROTECTED] <kenami%40ipms.co.id>>
>
> > abi mah de nagih hiji we lahhh...!!
> > cenah mun kapilih deui, stadion anu di gedebage,
> > "PASTI" bakal diwangun...!! :D
>
> Tah eta salah sahiji alesan Dada meunang, Stadion jeung Persib ..hehehe. Di
>
> Bandung loba nu panatik ka Persib, Dada ngamanfaatkeun ieu, ari sainganana
> mah teu bisa ngamanfaatkeun hal ieu. Kampanye (iklan) dina TV oge, iklan
> Dada paling narik, manehna make si Cepot nu dimaenkeun Dalang Asep.
> Lolobana
> urang Bandung, urang Sunda, si Cepot salah sahiji "icon"na. Kampanye anu
> tepat. Sainganana malah dina TV ditempokeun keur kumpul2 jeung komunitas
> urang Minang. Wah cilaka nyieun "blunder" ieu mah, sanajan Pak Taufikrahman
>
> ngaku dina media anjeunna Sunda Asli, tapi nonjolkuen diri kumpul2 jeung
> komunitas pendatang, bisa ditinggalkeun kunu milih ti etnik Sunda.
>
> Pa Dada oge pinter babagi, rek Pilkada jalan ngadadak jadi laleucir, siga
> ka
> tempat perumahan kuring. Ngan teu lucuna teh ari ka tempat kuring mah
> diaspal "plastik" (diulas saeutik) ari perumahan tatangga di hotmix, jadi
> weh di TPS Perumahan kuring mah nu meunang teh Trendi. Tapi umumna di
> perumahan2 nu meunang teh Trendi. Ieu beda jeung nu diluar perumahan, Dada
> populer pisan. Bisa disebutkeun Dada jauh leuwih populer di jalma-jalma
> leutik .....
>
> Pantesna ketang, ngan hiji pelajaran keur kanu hayang ancrub kana politik:
> Pinter (terdidik) jeung boga moral luhur, acan tangtu dipilih balarea jadi
> pamimpin ...... kudu aya usaha supaya dikenal jeung populer di "akar
> rumput".
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>  
>

Kirim email ke