leres kang.. sok ramisak abdi mun geus nyetel lagu eta.. enya sok difikir2 mah loloba urang sunda naha bet siga dikabayan nya resepna kana engkal jeung humandeuar nu akhirna lilalila jadi linu... urang sunda dina kancah ayeuna lolobana ukur jadi tukang kumawula boh di departemetn boh di DPR boh DIpartai sok ilikan we di PDIP wilayah jawa barat oge pamimpinan lain urangsunda
On Wed, Aug 13, 2008 at 4:05 AM, jtriharja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Punten, abdi anggota enggal di milis urangsunda. Nami mah biasa di > panggil Kang Jaja, asli ti Sumedang (kampung Batukarut Cibeureum, kac, > cimalaka. > > Abdi katarik pisan kanggo ngiringan urung rempug di komunitas urang > sunda. Abdi, ayeuna teh nuju mikiran jeung aya kahayang ngagerakeun, > kumaha urang sunda teh nu jumlah pendudukna teh sarua jeung jawa timur > (30 jutaan leuwih), tapi can aya nu bisa jadi pamimpin nasional, komo > deui presiden mah, can aya pisan. Wakil presiden we pernah sakali Bpk. > Umar Wirahadikusumah tea. Boro-boro presiden jeung wakilna, menteri di > kabinet SBY-JK ge bisa disebut teu aya urang sunda. Abdi tos malire ti > kabinet sateuacana, sarua wae urang sunda teh bis adisebut can aya nu > jadi pamimpin atawa menteri tingat nasional. > > Sok urang emutan, jakarta teh aya na di wilayah jawa barat, jumlah > panduduk pang lobanya sarua jeung jawa timur, nah ari pamimpin nagara > jeung eusi kabinetna dicicingan lolobanamah ku urang seberang. Pan ieu > teh, teu asuk akal. Ieu teh nunjukeun kacida lemahna urang sunda. Hayu > urang babarengan ngahudangkeun calon-calon pamimpin bangsa. > > Kudu namah, urangsunda ti jawa barat loba pisan nu adi anggota DPR RI, > jaradi menetri. Presiden atawa wakil ge, saleresnamah bisa wae ti > urang sunda, da penduduk nage kaasup panglobana di anatara provinsi nu > aya teh. Mun geus loga nu jadi wakil rakyat mah,ke gampang rek asup ka > kabinet atawa ngiluan bursa capres jeung wakil. > > Punten, sateuacana abdi rada tog mol (ujug-ujug)... > Hayu urang hararudang (bangkit), para pamimpin ti tatar sunda... > Mangga bilih bade ngiring sumbang saran tiasa oge di blog > urangsundakamana.blogspot.com. atanapi bangkitpasundan.blogspot.com. > > Abdi emut kana sabagian lirik lagu Kang Doel Sumbang : > > Urang sunda ka marana > Urang sunda di marana > Urang sunda, urang mana > Urang sunda, Anjeun saha > > Naha ngan saukur nu ngeusian Pulau Jawa > Naha ngan saukur lalajo bari tumenta > Gancang geura hudang buka ceuli buka mata > Geura tembongkeun urang sunda oge bisa > > Tembongkeun urang ge bisa mela nagara > Tembongkeun urang ge bisa jadi pamimpin > Urang ge bisa nangtung ajeg jeung kawasa > Lain saukur bisa unggut jeung kumawula > > Hatur nuhun > > Kang Jaja > jajatriharja.web.id > > > -- ----------------------------------------------------------- AGUS PAKUSARAKAN 08128377662 www.smarthubtech.co.id----------------------------------------------------------- www.independen.wordpress.com www.inkas.wordpress.com www.garut0262.wordpress.com www.azzoman.indonetwork.net

