Urang sunda teu daek pamingpin?
cingcirining urang sunda sieun ku dosa, apanan politik teh kotor..., sisiku 
babadug tetejeh leletak geus biasa. komo ngaletakan bujur rahayat mah geus 
biasa, kajeun teuing ceuk pikirna da geus jeneng mah geuning rahayat teh bakal 
di wejek.
Cing titenan kang, saeutik pejabat nu teu korupsi, saeutik anggota legislatif 
nu teu ceceremed. cirining loba gogoda na.
Justru urang sunda palalinter, jeung sarehat bathin na. urang sunda bisa 
milih-milih asal rizki keur bikeuneun ka anak pamajikan. tuh tingali aya nu 
jadi profesor di korea, janten dosen di USA jeung dimana-mana. Komo nu janten 
arsitek, engineer, tenaga ahli wah jeung sagala-gala tos seueur di sakuliah 
dunya kang, eta teh kaberhasilan urang sunda, urang kudu ngilu bagja jeung 
reueus.
Ari akang tos siap mah janten pejabat, sok lah dirojong, tapi omat ulah 
ngerakeun urang sunda, tong ceceremed da hirup lain rek salilana. hirup moal 
rek satungtung dunya. kudu inget kamana urang balik. Lain ka Soreang lain ka 
Banjaran, tapi ka alam nu panglanggengna. sapoe sarua jeung sarebu taun di 
dunya. mun diazab 3 poe sarua jeung diajab 3 rebu taun, ari seuneu lain seuneu 
samanea tapi seuneu naraka panasna moal kacipta ku urang ku panas-panasna. cing 
geura pikir....rek kuat urang nandangan azabNa.
tah kitu wae peupeujeuh...Kang.
 


--- On Tue, 8/12/08, jtriharja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: jtriharja <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [Urang Sunda] Nepangan - jeung kamarana paminpin ti urang sunda ?
To: [email protected]
Date: Tuesday, August 12, 2008, 5:05 PM






Punten, abdi anggota enggal di milis urangsunda. Nami mah biasa di
panggil Kang Jaja, asli ti Sumedang (kampung Batukarut Cibeureum, kac,
cimalaka.

Abdi katarik pisan kanggo ngiringan urung rempug di komunitas urang
sunda. Abdi, ayeuna teh nuju mikiran jeung aya kahayang ngagerakeun,
kumaha urang sunda teh nu jumlah pendudukna teh sarua jeung jawa timur
(30 jutaan leuwih), tapi can aya nu bisa jadi pamimpin nasional, komo
deui presiden mah, can aya pisan. Wakil presiden we pernah sakali Bpk.
Umar Wirahadikusumah tea. Boro-boro presiden jeung wakilna, menteri di
kabinet SBY-JK ge bisa disebut teu aya urang sunda. Abdi tos malire ti
kabinet sateuacana, sarua wae urang sunda teh bis adisebut can aya nu
jadi pamimpin atawa menteri tingat nasional.

Sok urang emutan, jakarta teh aya na di wilayah jawa barat, jumlah
panduduk pang lobanya sarua jeung jawa timur, nah ari pamimpin nagara
jeung eusi kabinetna dicicingan lolobanamah ku urang seberang. Pan ieu
teh, teu asuk akal. Ieu teh nunjukeun kacida lemahna urang sunda. Hayu
urang babarengan ngahudangkeun calon-calon pamimpin bangsa.

Kudu namah, urangsunda ti jawa barat loba pisan nu adi anggota DPR RI,
jaradi menetri. Presiden atawa wakil ge, saleresnamah bisa wae ti
urang sunda, da penduduk nage kaasup panglobana di anatara provinsi nu
aya teh. Mun geus loga nu jadi wakil rakyat mah,ke gampang rek asup ka
kabinet atawa ngiluan bursa capres jeung wakil.

Punten, sateuacana abdi rada tog mol (ujug-ujug). ..
Hayu urang hararudang (bangkit), para pamimpin ti tatar sunda...
Mangga bilih bade ngiring sumbang saran tiasa oge di blog
urangsundakamana. blogspot. com. atanapi bangkitpasundan. blogspot. com.

Abdi emut kana sabagian lirik lagu Kang Doel Sumbang :

Urang sunda ka marana
Urang sunda di marana
Urang sunda, urang mana
Urang sunda, Anjeun saha

Naha ngan saukur nu ngeusian Pulau Jawa
Naha ngan saukur lalajo bari tumenta
Gancang geura hudang buka ceuli buka mata
Geura tembongkeun urang sunda oge bisa

Tembongkeun urang ge bisa mela nagara
Tembongkeun urang ge bisa jadi pamimpin
Urang ge bisa nangtung ajeg jeung kawasa
Lain saukur bisa unggut jeung kumawula

Hatur nuhun

Kang Jaja
jajatriharja. web.id

 














      

Kirim email ke