Muhun mudah-mudahan abdi sareng US nu bade maju nyaleg dipasihan
kakuatan ku Allah SWT jeung kedah diajegeun pamadegan kalayan kedah
emut kana niat asalnya.
Nyaeta asup ka dunia politik (nyaleg) teh kanggo ngarobih nasib
atanapi ngamajukeun khususna di daerah pamilihan, bangsa jeung nagara
umumnamah.

Insya Allah pami niat abdi mah, pami dipasihan kasempetan jeung
kapercayaan ngawakilan wilayah dapil abdi (subang-smd-mjlangka),
tangtos bade ngangkat jeung ngupayakeun kanggo ngawangun dapil abdi.

Tah, niat jeung pamadegan etateh kedah nama dijadikeun dorongan kanggo
lebet ka dunia politik. Pami niatna bener mah Insya Allah tos calik di
dpr ge, tangtos bakal emut kana paniatan tadi.

Sarelesna, pami wakil2 urang nu aya di dpr teh ngalaksanakeun fungsi
na nyaeta ngawakilan rahayat nu milihna, kedah namah daerah nu
dijaikeun pamilihanana jadi leuwih maju, lantaran masing-masing wakil
di dpr teh gaduh hak jeung kewenangan kanggo majukeun daerahna.

Abdi oge pami emut kana cariosan yen politik teh kotor, hate teh
murengked, tapi pami emut deui niatan jeung kondisi nu aya dugi ayeuna
Abdi tos ningali, seuuer anggota dpr teh nu akhlak jeung tingkah
polehna sae. Tah, urang teh masih peryogi seuuer pisan pawa wakil
rahayat nu sae akhlak dan prilakuna. Pami urang teu lebet kana dunia
eta, atuh tos tangtos bakal dieusian ku jalma lain, nu can tangtu sae
akhlakna.

Jadi, insya Allah, pami kasempetan kanggo nyaleg ngawakilan sabagian
tatar sunda di ridhoi ku Allah SWT, abdimah niat teh tos kuat, nyaeta
kedah ngalaksanakeun politik teh nu positip jeung sehat,kanggo
majukeun rahayat nu diwakilanana.

Di jawa barat teh, aya 11 dapil di pamilu 2009, kedah namah di tiap
dapil teh seuuer urang sunda asli nu nyaleg.

Hatur nuhun ka sadaya nu tos ngiringan urung rempug.
Insya Allah, pami abdi lolos janten caleg, kapayuna bakal sering
kunjungan ka wilayah subang, sumedang, sareng majalengka. Mangga ka
wargi-wargi nu aya di tilu daerah eta, abdi nyuhunkeun dukungan sareng
pidoana.

Hatur nuhun.

Kang Jaja
--- In [email protected], "Panzi" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> sok atuh lah US teh geura naranjung... ulah ngadon nyarandung...
hihihi..
> 
> mangga kang jaja... ku abdi didu'akeun...
> mugia lolos janten wakil rakyat wawakil ti US,
> ngan kade upami tos "janten" ulah hilap ka US nya...
> ulah siga batur.. tos janten mah hilap we nu ayaaaaa.... :D
> 
> 
> -panzi-
> 
> 
> 
> > Leres pisan, abdi ge mani gemes..., sok we tingali bupati sumedang
> > ayeuna.. saurna mah ti PDIP sanes urang sunda cenah, komo deui urang
> > sumedang mah.
> >
> > Kukituna mangga atuh ka urang sunda teah , ny akaasup urang
sadayana urang
> > ngawitan merhatoskeun jeung ngutamakeun urang sunda. Engke tong
hilap dina
> > pamilu 2009 kedah ngutamakeun urang sunda, kanggo wakil di dprd tk
2, tk1,
> > sareng di DPR RI. Margi upami suara urang dibikeun ka urang luar mah,
> > tangtuna maraneh nateh ngan saukur ngiyeum tempat pamilihan, geus
di dpr
> > mah sigana teh moal inget2 acan.
> >
> > Nyuhun keun pido'a na wae, abdi ge ieu teh nuju di tawisan ku partai
> > anyar, kanggo ngawakilan wilayah sunda Jabar-9 (subang, majalengka,
> > sumedang) kanggo di DPR RI. Tapi abdi masih ngemutan, jeung kedah tos
> > yakin kanggo persiapanana.
> >
> > wassalam,
> >
> > Kang Jaja
>


Kirim email ke