Ngeunaan Hiji Jalma
Ngalengkah
laun katebak angin mapai-mapai kebon eurih.Ngahaleuang hawar-hawar tembang
pinuh ku kapeurih. Hiji lalaki ngalakonan dunya bari hate ngagerih.
Asruk-asrukan
neangan jalan hirup teu malire suku barabak katurih. Hayang geura balik
nimuan indung bapa,hayang geura balaka yen diri asa teu wasa,hayang geura
balik kapangkuan aranjeuna jiga keur budak harita,hayang bisa ceurik
nepikeun sakabeh nu karasa. Tapi iraha ?
Engke
hiji mangsa bakal panggih jeung jalma jiga kuring,ceuk Siliwangi ka Ki
Santang. Nu jiga kumaha ? Nyaeta jalma nu ngajadikeun nanaon cukup ku
gerentes. Bisa ngahaokan angin,bisa marentah guludug,bisa nyalukan
cai,bisa ngigelkeun seuneu. Bisa nyaho gerents hate batur,bisa ngagulak
gilek hate batur,bisa ngawasa awak batur,bisa nyaho kahareup bakal kumaha.
Bisa ngubaran panyakit nu euweuh ubarna,ngahudangkeun nu lumpuh
sakahayangna,bisa ngodok ka jero awak manusa sejena,bisa ngarusak jero
awak batur ukur ku gerentesna,bisa mawa suka loba manusa,oge bisa mawa
karusakan ka jalma loba.
Ngadeg
ka dunya bari teu sarua jeung sejenna. Istuning pinuh ku kabingung
ngahartikeunana. Euweuh jalma nu kungsi bisa ngebrehkeun nu
ditanyakeunana. Ngan ukur bisa ngaheruk nginget kana nasibna. Ya Allah aya
naon ieu teh ? Ya Allah saleresna saha abdi teh? Ya Allah bade kumaha abdi
teh? Ya Allah kedah kamana abdi teh? Sajuta kabingung nyurulung,bathin
jumerit menta tulung,ngan ukur bisa nuturkeun jalan euweuh tungtung,bari
nungguan katerangan ti Nu Maha Agung diuk di juru bari neuteup ka
langit,ceudeum
sarupa jeung bathina nu jumerit,dibulak balik tetep ngarasa aya nu
leungit,sakabeh nu kalakonan pait.
Lumpat
ka nu bisa niat rek tumanya,geuning angger keneh teu bisa nerangkeun nu
ditanya,lumpat nepi karasa geus ditungtung dunya,tapi bathin tetep asa
beda dunya. Beda beda beda jeung beda,kalah sering disebut jalma
rada,fitnah jeung kanyeri lalar liwat ngajeuwang dada,ngan ukur bisa
nyarita bari dareuda. Hatena ukur bisa ngarenghik,ceurik balilihan
disangka ku jalma loba jelema musyrik,Gusti Allah,Demi Allah abdi sanes
musyrik,jagi bathin abdi ulah musyrik,Gusti abdi tulungan,bathina ceurik
ngabangingik. Diusir tina kumpulan kulawargana,disebut budak euweuh
baktina,disebut jalma loba dorakana,dirina mung bisa tumarima narima
nasibna. Carita hiji budak manusa,nu
diciptakeun teu jiga manusa,mapay jalan lain paragi manusa,tetep manusa?
Nepi
ka hiji mangsa pinanggih jeung nu diteangana,aya jawaban nu salila ieu
dikorehan dimana-mana,geuning sakabeh aya maksudna. Geus kuduna tinekanan
kana waktuna,datang nyelesep kana sukmana,ngartikeun sakabeh
kabingungna,negerkeun sakuriling manahna. Hadir dina ngimpina,negeskeun
kudu kumaha manehna,ngarah mangfaat sakabeh nu dipibogana,jang memener
karusakan dunyana. Sairing cahya nu nyaangan kalbuna,hadir guru nu salila
ieu geuning nalingakeun teu aya petotna,guru nu teu dinyana eta ngarana.
Teu langsung percaya kana
omongna,da rumasa teu katempo wujudna,sieun goreng balukarna,komo mengpar tina
kayakinan agamana. Kayungyun ku sabarna,eta guru nuturkeun kahayangna,nepi ka
pinanggih ku sorangan hartina,nungguan nepi ka ikhlas narimana. Hiji guru lain
ti bangsa manusa,dibantuan ku baturna opat welas ayana,dikudukeun nalingakeun
jeung ngagiring jalana,nepi ka siap jang ngalalana.
Guru
nu nunjukeun kudu kumaha,guru nu nunjukeun aturan agamana,guru nu
nerangkeun rek kumaha,guru nu menerkeun mun aya salahna.
Guru nu jadi guru baheula,nu kungsi
ngaguruan karuhuna,nu mingpin Karajaan Tatar Sunda,nu kaamanatan ngajaga jeung
ngariksa. Sugan jeung sugan laksana,kajeun geus tangtu loba hahalangna,mugi
Allah ngalangsarkeun jalana,dibarengan keukeuh pageuh nyekel akidahna.
Alhamdulillah hiji dua panggih
jeung buktina,hiji dua kabuktian caritaan guruna,hiji dua aya nu milu sairing
ngusahakeunana,hiji dua ka ubaran nalangsana.
Ngoreh kasundaan nu tinggal
sesana,mapay galeng neangan nu sarua nyaah kana kasundaanna,ngasruk leuweung
dibarengan kaludeung,bari memener jalma nu keur baluweng. Nyoba ngageuing urang
sunda nu sakitu reana,nyalukan geura buru inget barangbang semplak dina
sirahna,ngarah
teu geura leungit ciri nu mustari dina dirina.
Lain ngarasa asa pang sundana,lain
ngarasa asa pang bisana,lain ngarasa asa pang aingna,tapi ngarasa nyaah ka
kasundaana.
Geus aya nu tiluan maturan,kari
nungguan tinekanan,bari tetep inget kana wiwitan,euweuh mahluk nu aya dina
kalanggengan.
Pun Sapun Kuring
Jurungkeun,nyampeur nu dihandeuleumkeun,tunda poho nu bareto,nu mangkuk di
saung butut. Menta dijurungkeun ku nu diamanatan,muka sesa nu dihandeuleumkeun
di daratan,nu ampir kapopohokeun jaman,kajadian di saung jalma duaan.
Sakabeh
carita geus ngaruntuy jeung buktina,mang taun-taun diebrehkeun
sawareh-sawareh,istuning runtuyan carita nu loba hartina,sajarah Pajajaran
nu geus pageuh katoreh. Tadina hate teu narima bari mangmang ,nempo
untuyan sajarah jiga di awing-awang,anging kersaning Gusti geuning bisa
kasawang,dibarengan muntang ka Pangeran bisi nyalimpang. Ngan ukur bisa
sumujud ka Nu Kawasa,padahal diri teu rumangsa bisa,mugia tinekanan ka nu
jadi mangsa,ngawujudkeun amanat ngadegkeun deui ieu bangsa.
Jang sakabeh urang sunda,nu ngarasa
rahayat sunda,ulah poho aranjeun sunda,geura wani ngaku bangsa sunda