he he he, nya kumaha atuh,,,,rek ngabandingkeun sareng Jepang atanapi Jerman mah asa tebih kamana-mendi. Cobi cobi simkuring teh ngabandingkeun sareng nagara tatanggi nu cenah mah rasna "serumpun". geuningan, Malaysia mah bati ti dagang minyak teh gaduh menara anu mangrupakeun salah sahiji ti menara - menara paling luhur satatar dunya. Menara Kembar Petronas tea , alias twin tower.
iraha atuh Sunda gaduh Parahyangan tower atau misalna King Siliwangi Tower, Atawa Dalem Pancaniti Palace . Ah, lain maksad bubudakeun atawa panasbaran. Lain maksad jiga Budak leutik ceurik ka indungna, "naha ema urang teu boga imah agreng jiga batur". terus lain maksad pro Kapitalis deuih, hayang "iinggrisan" atawa "aamerikaan"..ngan ieu mah saukur jadi harapan, tamba sare sore-sore. Oge lain maksad hayang neangan sombongkeuneun, ngan simkuring mah hoyong aya di tatar sunda teh hiji simbol anu mencerminkan kabinangkitan urang Sunda. beh dituna mah meureun bisa nambah - nambah Obyek wisata di tatar sunda. Pan di Jogya atawa Magelang aya candi - candi nu agreng, tah di sunda naon yeuh nu bisa jadi ciri nu mandiri, motekarna Urang Sunda. Tapi nya kitu tea, jaman Sunda kaemasan nu kasabit - sabit disawatara pantun, tembang atanapi kawih duka iraha bakal datang deui....da geuning jang Dahar sapopoe ge masih loba nu kakurangan. Naha bet kakurangan????naha lantaran maless??? naha lantaran aya nu sarakah???? hayu ah urang buktikeun ka dunia, urang sunda bisa...urang sunda lain si kabayan nu gawena ngan ngalamun. Buktikeun yen urang Sunda,,"Ampuh Timpuh Rancage Budi Raspati". hayu Sumanget!!!!!! Ceuk urang Nippon mah "Banzai!!!" Cenah urang ulah ningal ka Eropa da beda, Manehna pernah Ngajajah, jeung ti hasil Jajahan eta manehna boga modal jang jadi nagara Industri berteknologi Tinggi. tapi ah Naha geuning Korea Selatan nu lain Eropa, jeung teu kungsi Ngajajah, Malah mah pernah Dijajah ku Jepang bisa maju sajajar jeung nagara nagara Eropa. --- On Wed, 8/20/08, ua duq <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: ua duq <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [Urang Sunda] (Serat: 20)(SILIWANGI & KI SANTANG) Ngeunaan Hiji Jalma To: [email protected] Date: Wednesday, August 20, 2008, 6:15 AM kurang pas kang ngabandingkeun sunda jeung malaysia mah... eh atawa jeung indonesia ieu teh? On Wed, Aug 20, 2008 at 5:04 PM, netta fahad <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: Sunda,,,,,kuring reueus jadi urang Sunda. Iraha Sunda bisa maju, sajajar jeung bangsa - bangsa sejen nu geus tiheula majuna??? Di Asia tenggara wae urang geus katinggaleun ku Malaysia. Naha batur bisa maju urang henteu??? Naon faktor - faktor na???? Rebuan lulusan perguruan tinggi kaluar ti kampus tiap tauna, boh S1, S2 atawa S3 tapi geuning can bisa majukeun Indonesia sacara signifikan. Naha bet kieu???? Naha pedah jumlah penduduk urang nu rea, sahingga hese ngaturna???? Naha pedah loba nu putus sakola??? hmm, saur simkuring mah mun Indonesia hayang maju ulah terlalu banyak mengimpor barang - barang ti luar negeri,,anggur mah banyak mengekspor ka luar negeri, terutama ngaekspor barang - barang nu nilai tambahna tinggi...tapi kumaha carana,,,duka teh teuing,,,can kaimpleng ku otak simkuring nu terbatas Cenah mah urang bisa maju mun terus jadi nagara Agraris???tapi di saat lahan makin sempit ku lobana penduduk, naha ieu masih bisa berlaku??? Urang ayeuna kudu berfikir, salain ti Nagara agraris urang ge kudu bisa usaha jadi nagara dengan teknologi nu unggul. Cenah mah Finlandia, nagara produsen NOKIA, ngarasa Kesejahteraan nagarana bener2 naek pas beralih ti Nagara nu ngan ngandalkeun agraris jadi nagara nu oge ngandalkeun usaha diwidang teknologi. nu pasarna Ngadunia. Iraha nya urang bisa ningali handphone anu merekna "Kujang", atawa Mesin penggiling padi nu merekna "Motekar", atawa Mobil Sedan anu merekna "Agul". Lain simkuring teu satuju mun Indonesia ngandelkeun Agraria, Tapi geuning kabukti nagara - nagara maju di dunia ayeuna teh nyaeta nagara - nagara nu miboga kaunggulan diwidang Science jeung Teknlogi, jeung pinunjul dina Perdagangan nu Cakupanana lain saukur Domestik tapi Dunia. Ah...Ari ningali Ka "luhur" mah moal aya beakna...Meureun memang Sunda can waktuna sajajar jeung nagara nagara Kaya. Tapi kahayang teh, Mugia we teu aya nu BUSUNG LAPAR, teu aya nu PUTUS SAKOLA lantaran teu boga duit (lain lantaran KEDUL), teu aya nu Imahna cuma beratapkan Langit alias TUNAWISMA, Teu aya budak Leutik nu masih OLOLEHO nyiar duit jadi BARAMAEN di Sisi jalan. Hayu urang Lalugay yeuh urang SUNDA!!!!! -- d-: dudi herlianto :-b ~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~

