Sunda,,,,,kuring reueus jadi urang Sunda. Iraha Sunda bisa maju, sajajar jeung 
bangsa - bangsa sejen nu geus tiheula majuna???
Di Asia tenggara wae urang geus katinggaleun ku Malaysia. Naha batur bisa maju 
urang henteu??? Naon faktor - faktor na???? Rebuan lulusan perguruan tinggi 
kaluar ti kampus tiap tauna, boh S1, S2 atawa S3 tapi geuning can bisa majukeun 
Indonesia sacara signifikan. Naha bet kieu???? 
Naha pedah jumlah penduduk urang nu rea, sahingga hese ngaturna????Naha pedah 
loba nu putus sakola???

hmm, saur simkuring mah mun Indonesia hayang maju ulah terlalu banyak mengimpor 
barang - barang ti luar negeri,,anggur mah banyak mengekspor ka luar negeri, 
terutama ngaekspor barang - barang nu nilai tambahna tinggi...tapi kumaha 
carana,,,duka teh teuing,,,can kaimpleng ku otak simkuring nu terbatas
Cenah mah urang bisa maju mun terus jadi nagara Agraris???tapi di saat lahan 
makin sempit ku lobana penduduk, naha ieu masih bisa berlaku???

Urang ayeuna kudu berfikir, salain ti Nagara agraris urang ge kudu bisa usaha 
jadi nagara dengan teknologi nu unggul. Cenah mah Finlandia, nagara produsen 
NOKIA, ngarasa Kesejahteraan nagarana bener2 naek pas beralih ti Nagara nu ngan 
ngandalkeun agraris jadi nagara nu oge ngandalkeun usaha diwidang teknologi. nu 
pasarna Ngadunia. Iraha nya urang bisa ningali handphone anu merekna "Kujang", 
atawa Mesin penggiling padi nu merekna "Motekar", atawa Mobil Sedan anu merekna 
"Agul". 

Lain simkuring teu satuju  mun Indonesia  ngandelkeun Agraria, Tapi geuning 
kabukti nagara - nagara maju di dunia ayeuna teh nyaeta nagara - nagara nu 
miboga kaunggulan diwidang Science jeung Teknlogi, jeung pinunjul  dina 
Perdagangan nu Cakupanana lain saukur  Domestik tapi Dunia.

Ah...Ari ningali Ka "luhur" mah moal aya beakna...Meureun memang Sunda can 
waktuna sajajar jeung nagara nagara Kaya. Tapi kahayang teh, Mugia we teu aya 
nu BUSUNG LAPAR, teu aya nu  PUTUS SAKOLA lantaran teu boga duit (lain lantaran 
KEDUL), teu aya nu Imahna cuma beratapkan Langit alias TUNAWISMA, Teu aya budak 
Leutik nu masih OLOLEHO nyiar duit jadi BARAMAEN di Sisi jalan.

Hayu urang Lalugay yeuh urang SUNDA!!!!!


--- On Wed, 8/20/08, Dekky Mulyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Dekky Mulyadi <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [Urang Sunda] (Serat: 20)(SILIWANGI & KI SANTANG) Ngeunaan Hiji 
Jalma.
To: [email protected]
Date: Wednesday, August 20, 2008, 1:01 AM










    
            Sae memang, ngan okosna mah nu dimaksud teh butuh pangakuan yen Ki 
Santang=Nong Gerak=Siliwangi Anyar ??
 
Dekky

--- Pada Sel, 19/8/08, Waliwis Bodas <waliwisbodas@ ymail.com> menulis:

Dari: Waliwis Bodas <waliwisbodas@ ymail.com>
Topik: Re: [Urang Sunda] (Serat: 20)(SILIWANGI & KI SANTANG) Ngeunaan Hiji 
Jalma.
Kepada: [EMAIL PROTECTED] ups.com, [EMAIL PROTECTED] .com
Tanggal: Selasa, 19 Agustus, 2008, 3:09 PM









Alus tah tulisan teh ki Nong Gerak! Meni sumeleket kana hate, sumarambah kana 
bayah.


--- On Fri, 8/15/08, Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:

From: Nong Gerak <[EMAIL PROTECTED] com>
Subject: [Urang Sunda] (Serat: 20)(SILIWANGI & KI SANTANG) Ngeunaan Hiji Jalma.
To: "urangsunda" <[EMAIL PROTECTED] ups.com>, "kisunda" <[EMAIL PROTECTED] 
.com>, "baraya_sunda" <baraya_sunda@ yahoogroups. com>
Date: Friday, August 15, 2008, 9:50 AM









Ngeunaan Hiji Jalma

 


Ngalengkah laun katebak angin mapai-mapai kebon eurih.Ngahaleuang hawar-hawar 
tembang pinuh ku kapeurih. Hiji lalaki ngalakonan dunya bari hate ngagerih. 
Asruk-asrukan neangan jalan hirup teu malire suku barabak katurih. Hayang geura 
balik nimuan indung bapa,hayang geura balaka yen diri asa teu wasa,hayang geura 
balik kapangkuan aranjeuna jiga keur budak harita,hayang bisa ceurik nepikeun 
sakabeh nu karasa. Tapi iraha ? 
 


Engke hiji mangsa bakal panggih jeung jalma jiga kuring,ceuk Siliwangi ka Ki 
Santang. Nu jiga kumaha ? Nyaeta jalma nu ngajadikeun nanaon cukup ku gerentes. 
Bisa ngahaokan angin,bisa marentah guludug,bisa nyalukan cai,bisa ngigelkeun 
seuneu. Bisa nyaho gerents hate batur,bisa ngagulak gilek hate batur,bisa 
ngawasa awak batur,bisa nyaho kahareup bakal kumaha. Bisa ngubaran panyakit nu 
euweuh ubarna,ngahudangkeu n nu lumpuh sakahayangna, bisa ngodok ka jero awak 
manusa sejena,bisa ngarusak jero awak batur ukur ku gerentesna,bisa mawa suka 
loba manusa,oge bisa mawa karusakan ka jalma loba.
  

Ngadeg ka dunya bari teu sarua jeung sejenna. Istuning pinuh ku kabingung 
ngahartikeunana. Euweuh jalma nu kungsi bisa ngebrehkeun nu ditanyakeunana. 
Ngan ukur bisa ngaheruk nginget kana nasibna. Ya Allah aya naon ieu teh ? Ya 
Allah saleresna saha abdi teh? Ya Allah bade kumaha abdi teh? Ya Allah kedah 
kamana abdi teh? Sajuta kabingung nyurulung,bathin jumerit menta tulung,ngan 
ukur bisa nuturkeun jalan euweuh tungtung,bari nungguan katerangan ti Nu Maha 
Agung diuk di juru bari neuteup ka langit,ceudeum sarupa jeung bathina nu 
jumerit,dibulak balik tetep ngarasa aya nu leungit,sakabeh nu kalakonan pait.
  

Lumpat ka nu bisa niat rek tumanya,geuning angger keneh teu bisa nerangkeun nu 
ditanya,lumpat nepi karasa geus ditungtung dunya,tapi bathin tetep asa beda 
dunya. Beda beda beda jeung beda,kalah sering disebut jalma rada,fitnah jeung 
kanyeri lalar liwat ngajeuwang dada,ngan ukur bisa nyarita bari dareuda. Hatena 
ukur bisa ngarenghik,ceurik balilihan disangka ku jalma loba jelema 
musyrik,Gusti Allah,Demi Allah abdi sanes musyrik,jagi bathin abdi ulah 
musyrik,Gusti abdi tulungan,bathina ceurik ngabangingik. Diusir tina kumpulan 
kulawargana, disebut budak euweuh baktina,disebut jalma loba dorakana,dirina 
mung bisa tumarima narima nasibna. Carita hiji budak manusa,nu diciptakeun teu 
jiga manusa,mapay jalan lain paragi manusa,tetep manusa?
  

Nepi ka hiji mangsa pinanggih jeung nu diteangana,aya jawaban nu salila ieu 
dikorehan dimana-mana, geuning sakabeh aya maksudna. Geus kuduna tinekanan kana 
waktuna,datang nyelesep kana sukmana,ngartikeun sakabeh kabingungna, negerkeun 
sakuriling manahna. Hadir dina ngimpina,negeskeun kudu kumaha manehna,ngarah 
mangfaat sakabeh nu dipibogana,jang memener karusakan dunyana. Sairing cahya nu 
nyaangan kalbuna,hadir guru nu salila ieu geuning nalingakeun teu aya 
petotna,guru nu teu dinyana eta ngarana.
Teu langsung percaya kana omongna,da rumasa teu katempo wujudna,sieun goreng 
balukarna,komo mengpar tina kayakinan agamana. Kayungyun ku sabarna,eta guru 
nuturkeun kahayangna,nepi ka pinanggih ku sorangan hartina,nungguan nepi ka 
ikhlas narimana. Hiji guru lain ti bangsa manusa,dibantuan ku baturna opat 
welas ayana,dikudukeun nalingakeun jeung ngagiring jalana,nepi ka siap jang 
ngalalana. 
  

Guru nu nunjukeun kudu kumaha,guru nu nunjukeun aturan agamana,guru nu 
nerangkeun rek kumaha,guru nu menerkeun mun aya salahna.
Guru nu jadi guru baheula,nu kungsi ngaguruan karuhuna,nu mingpin Karajaan 
Tatar Sunda,nu kaamanatan ngajaga jeung ngariksa. Sugan jeung sugan 
laksana,kajeun geus tangtu loba hahalangna,mugi Allah ngalangsarkeun 
jalana,dibarengan keukeuh pageuh nyekel akidahna. 
Alhamdulillah hiji dua panggih jeung buktina,hiji dua kabuktian caritaan 
guruna,hiji dua aya nu milu sairing ngusahakeunana, hiji dua ka ubaran 
nalangsana. 
Ngoreh kasundaan nu tinggal sesana,mapay galeng neangan nu sarua nyaah kana 
kasundaanna, ngasruk leuweung dibarengan kaludeung,bari memener jalma nu keur 
baluweng. Nyoba ngageuing urang sunda nu sakitu reana,nyalukan geura buru inget 
barangbang semplak dina sirahna,ngarah teu geura leungit ciri nu mustari dina 
dirina. 
Lain ngarasa asa pang sundana,lain ngarasa asa pang bisana,lain ngarasa asa 
pang aingna,tapi ngarasa nyaah ka kasundaana. 
Geus aya nu tiluan maturan,kari nungguan tinekanan,bari tetep inget kana 
wiwitan,euweuh mahluk nu aya dina kalanggengan. 
Pun Sapun Kuring Jurungkeun,nyampeur nu dihandeuleumkeun, tunda poho nu 
bareto,nu mangkuk di saung butut. Menta dijurungkeun ku nu diamanatan,muka sesa 
nu dihandeuleumkeun di daratan,nu ampir kapopohokeun jaman,kajadian di saung 
jalma duaan. 
  

Sakabeh carita geus ngaruntuy jeung buktina,mang taun-taun diebrehkeun 
sawareh-sawareh, istuning runtuyan carita nu loba hartina,sajarah Pajajaran nu 
geus pageuh katoreh. Tadina hate teu narima bari mangmang ,nempo untuyan 
sajarah jiga di awing-awang, anging kersaning Gusti geuning bisa 
kasawang,dibarengan muntang ka Pangeran bisi nyalimpang. Ngan ukur bisa sumujud 
ka Nu Kawasa,padahal diri teu rumangsa bisa,mugia tinekanan ka nu jadi 
mangsa,ngawujudkeun amanat ngadegkeun deui ieu bangsa.
Jang sakabeh urang sunda,nu ngarasa rahayat sunda,ulah poho aranjeun 
sunda,geura wani ngaku bangsa sunda



        Yahoo! sekarang memiliki alamat Email baru  
 Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail. 
br>
Cepat sebelum diambil orang lain!
      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke