Duka teuing kunaon, ngan ahir-ahir ieu kuring resep lalajo pilem anu genre-na
drama. Meureun kuring keur melankolik he he he
Kamari kuring nongton pilem nu judulna "In America"
Ieu pilem teh nyaritakeun imigran miskin asal Irlandia nu pindah ka Manhattan,
USA.
Di pilem ieu, ditempokeun kumaha kahirupan orang miskin di Amerika,di film eta
orang miskin teh lolobana Urang Meksiko / Hispanik jeung Afro-american. Naha
ari "Native America" rata-rata geus baleunghar???
Tina pilem ieu urang sadar yen belum tentu pindah ka Amerika mawa kamakmuran,
nu aya mah sarua-rua keneh we.
Dina gemerlapna lampu Manhattan waktu peuting, di sakuriling gedong-gedongna
anu agreng, geuning aya keneh sabagian pendudukna nu hirupna walurat, nu teu
bisa ngilu ngarasaan nikmatna kamajuan ekonomi di Manhattan.
Sarua we jiga Jakarta....kadang urang kabongroy ku beja ti batur yen hirup di
Jakarta teh ngeunah, Padahal mah...makin maju suatu kota, makin padatlah
penduduknya, diperparah dengan tidak adanya lowongan kerja, dan persaingan
hidup makin ketat, semua orang berebut lahan makan, Saha nu bakal meunang
hirup di kota???Saha nu bakal eleh di kota?????
Anu meunang, bakal hirup ngeunah,,,linggih di perumahan mewah....anu
eleh..bakal kasingkir ka pasisian,,,hirup balangsak...
Ditingali tingali, samiskin-miskina jalma di desa moal sabalangsak nu miskin di
kota...
Tapi naha loba nu masih betah hirup di kota?? najan banjir datang tiap taun
ngeueum imah, najan hirup kudu mulungan sampah di tempat anu bau, najan kudu
mandi di walungan anu kotor, najan imah ngan dijieun tina seng, najan kudu
kakebulan ku kotorna haseup kendaraan....................
Tapi kuring jadi inget "anekdot lama", mun euweuh nu miskin nu beunghar ge
moal bisa hirup....duka bener duka henteu...bener jiga na mah.....da saha nu
bakal mersihan sampah nu beunghar?saha nu bakal nyieun imah nu beunghar??saha
nu bakal nyuci piring jeung baju??saha nu bakal ngabenerkeun mobil nu
beunghar???.......................
Tapi kadang tingkat kamiskinan anu parah.....sok matak aneh.....ayana imah -
imah kumuh di sisi walungan....Naha memang kudu kitu ayana????naha teu bisa
dileungitkeun?? Pa Yusuf Kalla kamari ngabangun rusun jang ngungkulan ieu
masalah, duka yeuh bakal berhasil atanapi henteu..
Satu hal memang nu kudu disadari....mun hayang hirup enak di dayeuh /
kota....mau tidak mau..urang kudu gesit, kreatif/penuh ide, teliti,
profesional.....Sabab persaingan makin ketat..mun teu kitu wayahna jiga na
teh...Kota memang keras...teu mengenal belas kasihan...Saha nu leha-leha bakal
katinggaleun,,,,
Jadi...Mending hirup di Kota atawa di Desa nya he hehe hee...atau Transmigrasi
wae heue euhe