punten nun ngiring mairan, pamadegan kang kabayan sami sareng pikiran kuring, ayakalana urang indit ka kota besar atawa ka nagara deungeun karena memang ayana kasempetan pikeun eta, karaos oge ku kuring gawe bobolokot kesang di lembur hasilna nihil indit ka kota gede(jakarta), salian ti bersaing sareng nu sanesna, memang geus lumrah karena rea keneh nu nyiar gawe batan paweana, nu ngagajih teh sangeunahna, padahal ceuk pikiran kuring anu agul, pangabisa kuring hargana lain sakitu. nya aya deui kasempetan ti rerencangan pikeun kokoreh cok teh di negri deungeun, nya dugi ka kiwari apruk2 an di nagara batur,nya salila ieu mah lolobana di asia, aya pernah oge ka daerah deukeut afrika (negara republik mauritius) sareng india, ayeuna kuring masih nyangsang di vietnam. eta oge jagabaring kuring hayang usaha di lembur sorangan ngan teu hayang dina tungtung curuk batur wae, niat kuring mun kuring usaha di nagri sorangan kudu bisa wiraswasta. Nya sugan we mun keyeng mah cenah bakal pareng. Insya Alloh.
baktos six4sep 2008/9/8 Kabayan <[EMAIL PROTECTED]> > Punten ach bade ngiring ach nga reply. > > Ceuk pangraos mah, Seuseueurna jalma ti daerah ka kota teh ku sabab > kabutuhan (alesan beuteung) jeung kasempetan. > > Ka alaman ku abdi nyalira. Pindah ka Batawi lantaran di Bandung teu aya > kasempetan. Hate mah tetep teu bisa dibobodo hayang ngembangkeun kamampuan + > neangan jang eusi beuteung di bandung. Hanjakalna kasempetan di bandung mah > bisa disebut teu aya. Sanajan teu putus ari hareupan jeung kayakinan tur > ikhtiar yen engke mah bakal bisa kuli di bandung deukeut jeung anak > pamajikan. :D > > > > -- http://six4sep.co.cc

