Punten ach bade ngiring ach nga reply. Ceuk pangraos mah, Seuseueurna jalma ti daerah ka kota teh ku sabab kabutuhan (alesan beuteung) jeung kasempetan.
Ka alaman ku abdi nyalira. Pindah ka Batawi lantaran di Bandung teu aya kasempetan. Hate mah tetep teu bisa dibobodo hayang ngembangkeun kamampuan + neangan jang eusi beuteung di bandung. Hanjakalna kasempetan di bandung mah bisa disebut teu aya. Sanajan teu putus ari hareupan jeung kayakinan tur ikhtiar yen engke mah bakal bisa kuli di bandung deukeut jeung anak pamajikan.. :D --- On Sat, 9/6/08, netta fahad <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: netta fahad <[EMAIL PROTECTED]> Subject: [Urang Sunda] In America........ To: [email protected] Date: Saturday, September 6, 2008, 10:37 PM Duka teuing kunaon, ngan ahir-ahir ieu kuring resep lalajo pilem anu genre-na drama. Meureun kuring keur melankolik he he he Kamari kuring nongton pilem nu judulna "In America" Ieu pilem teh nyaritakeun imigran miskin asal Irlandia nu pindah ka Manhattan, USA. Di pilem ieu, ditempokeun kumaha kahirupan orang miskin di Amerika,di film eta orang miskin teh lolobana Urang Meksiko / Hispanik jeung Afro-american. Naha ari "Native America" rata-rata geus baleunghar?? ? Tina pilem ieu urang sadar yen belum tentu pindah ka Amerika mawa kamakmuran, nu aya mah sarua-rua keneh we. Dina gemerlapna lampu Manhattan waktu peuting, di sakuriling gedong-gedongna anu agreng, geuning aya keneh sabagian pendudukna nu hirupna walurat, nu teu bisa ngilu ngarasaan nikmatna kamajuan ekonomi di Manhattan. Sarua we jiga Jakarta....kadang urang kabongroy ku beja ti batur yen hirup di Jakarta teh ngeunah, Padahal mah...makin maju suatu kota, makin padatlah penduduknya, diperparah dengan tidak adanya lowongan kerja, dan persaingan hidup makin ketat, semua orang berebut lahan makan, Saha nu bakal meunang hirup di kota???Saha nu bakal eleh di kota????? Anu meunang, bakal hirup ngeunah,,,linggih di perumahan mewah....anu eleh..bakal kasingkir ka pasisian,,,hirup balangsak... Ditingali tingali, samiskin-miskina jalma di desa moal sabalangsak nu miskin di kota... Tapi naha loba nu masih betah hirup di kota?? najan banjir datang tiap taun ngeueum imah, najan hirup kudu mulungan sampah di tempat anu bau, najan kudu mandi di walungan anu kotor, najan imah ngan dijieun tina seng, najan kudu kakebulan ku kotorna haseup kendaraan... ......... ........ Tapi kuring jadi inget "anekdot lama", mun euweuh nu miskin nu beunghar ge moal bisa hirup....duka bener duka henteu...bener jiga na mah.....da saha nu bakal mersihan sampah nu beunghar?saha nu bakal nyieun imah nu beunghar??saha nu bakal nyuci piring jeung baju??saha nu bakal ngabenerkeun mobil nu beunghar???. ......... ......... .... Tapi kadang tingkat kamiskinan anu parah.....sok matak aneh.....ayana imah - imah kumuh di sisi walungan.... Naha memang kudu kitu ayana????naha teu bisa dileungitkeun? ? Pa Yusuf Kalla kamari ngabangun rusun jang ngungkulan ieu masalah, duka yeuh bakal berhasil atanapi henteu.. Satu hal memang nu kudu disadari.... mun hayang hirup enak di dayeuh / kota.....mau tidak mau..urang kudu gesit, kreatif/penuh ide, teliti, profesional.. ....Sabab persaingan makin ketat..mun teu kitu wayahna jiga na teh...Kota memang keras...teu mengenal belas kasihan...Saha nu leha-leha bakal katinggaleun, ,,, Jadi...Mending hirup di Kota atawa di Desa nya he hehe hee...atau Transmigrasi wae heue euhe

