gan Les,

Jadi, lamun aya larangan ngaroko teh aparat pamarentah mah engkena
kalahka pagede-gede roko nya? hehehehe...Eta waas nguping kecap
"udud". Inget keur ngumbara di Sukabumi, baheula keur sma. Di Smi mah
tukang roko anu ditetengteng nawarkeun rokona teh kieu: 'Did roko
dud!" atawa 'Dud roko did", hehehe, nyaan kitu, teu nginjeum ceuli,
teu nginjeum mata.

Jelas roko beda jeung korupsi. Bedana diantarana: roko mah kudu
diduruk heula, karek diseuseup. Ari korupsi? duka, naha diseuseup
heula teras engke diduruk?
Cikan naon deui nya bedana udud jeung korupsi teh?

manAR

On Tue, Sep 9, 2008 at 2:39 PM, Ganles MGM <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
>
> Moal mungkin sigana teh Kang mun pamarentah ngalarang arudud ............
> Atuh da boro-boro ulah sina arudud, ayeuna mah maranehna wae ngabewarakeun
> ulah karorupsi ..... aeh malahan pabadag-pabadag korupsina ....... bari dinu
> beunangna oge geuningan hukuman kurung teh ngan saukur sakitu bulan cenah
> ....... denda sakitu ratus juta .... padahalna korupna milyaran .......
> masih boga untung tah, nya ....!? Can deuih apanan salila dikurung mah dahar
> papanan haratis tash ......!!!!
> Aeh .... deuih .... teuing atuh nya ... beda deui meureun korupsi jeung udud
> mah, nya .....!? Atawa sigana meureunan korupsi mah halal ....!? Pedah wae
> etah geuningan pamarentah oge loba anu ngaralakonan .......!? Komo tah
> Anggota Dewan mah geuningan ..... Narurustunjung pisan tah .........
> Hanas ku rahayat geus ngagajih siah ....! Deuleu atuh tuh rahayat anu
> salangsara keneh .....!? Lain hiji dua rahayat anu masih kalalaparan
> ....!!!!
>
>
>
>
>
> Kang Gde
>
> ________________________________
>
> patani makmur ..... taneuh subur ......
>
>
>
> ----- Original Message -----
> From: Kumincir Wikidisastra
> To: [email protected]
> Sent: Tuesday, September 09, 2008 2:45 PM
> Subject: Re: [Urang Sunda] Re:Hukum Ngaroko nurutkeu sayariat (almanhaj)
>
> Sigana mah, ngarah polemik halal-haram roko bisa dipungkas, geus we
> pamarentah inisiatif ngalarang roko. Alternatif pikeun para pagawe & patani
> nu boga upajiwa tina roko, nya cobi bae sina ngolah ganja... heuheu...
>
> .
>
> 

Kirim email ke